Dina kamus Satjadibrata, kecap kecap sunda nu diserep ti basa deungeun, jentre
pisan disebut ti basa naon diserepna. Duka dina kamus nu enggal mah, sim kuring
teu gaduh.
Keur ngamumule basa sunda, kecap kecap nu diserep ti basa deungeun teh sabisa
bisa tong loba teuing. Numatak alus pisan mun baraya Kusnet milu ngapopulerkeun
kecap kecap terjemahan istilah teknologi ka basa sunda, model kecap "ramat
loka". Tah kecap nu panganyarna pisan nyaeta kecap "talapung" sanajan hartina
sarua jeung tajong (tendang), bisa bae urang bakukeun bee minangka terjemahan
tina kecap "ban" tina basa Inggris.
Saha deui yeuh nu bakal ditalapung..............?
Kang Santosa
Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Leres pisan teh ro2, pangalaman teh ngeunteung ka jaman kapungkur.
Salian ti kecap pakanci, aya oge kecap buku.
Conto sanesna deui kecap wahon. Waktos jaman Si Buntung Jago Tutugan
atanapi jaman Jaka Santang anu didongengkeun ku pa Afandi Apin (ramana doel
Sumbang) ti radio Dahlia (upami henteu lepat), dicarioskeun wahon digunakeun
diantawisna kanggo ngangkut areng ti Samarang - Garut ka Batavia. Kecap wahon
eta oge dicandak tina basa rumpun Eropa (Walanda). Dina basa Ingris aya kecap
wagon sareng dina basa jerman aya kecap wagen anu hartosna ampir sami
sareng mobil atanapi treuk jaman kiwari. Emut panginten kana mobil VW, W nyaeta
singketan tina wagen. Jigana upami leukeun dipilarian mah masih seueur kecap
basa Sunda anu diserep tina basa rumpun Eropa.
Kanggo ngemutkeun, jaman Pajajaran, basa Sunda Kuna oge parantos nyerep
kecap-kecap basa-basa sanes sapertos basa Sansakerta, basa Jawa Kuna, sareng
basa Malayu Kuna. Supados henteu cape nulisna sareng henteu cape macana, ku
pribados didugikeun di dieu mung conto kecap anu kawitna tina basa Malayu anu
diadopsi ku basa Sunda Kuna nyaeta kecap-kecap barat, timur, bukit sareng
pulo sapertos anu aya dina naskah Bujangga Manik:
1220 ta(ng)geran na Catih Hiang.
Itu bukit Hulu Mu(n)ding,
ta(ng)geran na Demaraja,
ti barat bukit Parasi,
ta(ng)geran na Tegal Lubu,
<!--[if !supportLineBreakNewLine]-->
<!--[endif]-->
1250 Ti timur pulo Tampurung,
ti barat pulo Rakata,
gunung di tengah sagara.
Itu ta gunung J(e)reding,
ta(ng)geran na alas Mirah
Kecap barat masih nempel dina kecap Tanjung Barat nami salah sawios jalan
di Jakarta anu saurna dicandak tina nami daerah tilas karajaan alit Tanjung
Barat bawahan Tarumanagara oge bawahan Sunda.
Mung duka ku naon sababaraha kecap serepan ti basa Malayu eta teh henteu
dianggo deui dina basa Sunda Modern / Kiwari. Eta mah gumatung kana preferensi
masyarakat Sunda generasi saterasna panginten.
Kacindekannana basa Sunda, sami sareng basa sanesna, sifatna terbuka kana kos
kata basa sanes ti jaman ka jaman.
Wangsul deui kana kecap kelir sareng pakanci, sareng kecap sanesna anu
diadopsi ti Eropa, jigana nasibna ditangtoskeun ku preferensi urang Sunda dina
ngagunakaeun basana. Tapi katinggalina ku pribados ka payun bakal langkung
seueur kecap-kecap ti rumpun Eropa anu bakal diserep ku basa Sunda, hususna anu
nyangkut teteh nolohi, eh maksad teh teknologi.
Eta mah pamendak pribados, tiasa wae lepat.
Salamna,
Pun Asep
Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hehehe
Kang Asep mah aya-aya wae
nya pami keukeuh wae mah tiasa Sukelir.
Ciganamah leres asal muasal kelir teh tina color
Da, pami ditengetan mah
seueur kecap-kecap Sunda nu diserot (serap?) ti basa Inggris/Walanda utaminamah
ti sepuh kapungkur sok dikirata, dikira-kira tapi nyata.
Emut ka pun Aki (punten, abdi sok ngadongeng wae jaman kapungkur da kumaha
deui, seuseueurna dongeng ngeunaan kaSundaan nu kaalaman ku abdi ayana jaman
kapungkur...) pami nuju pere sakola sok naros kieu,Nyi, atuh teu sakola keur
pakanci (maksadna vacancy=libur)?
ro2
>>> [EMAIL PROTECTED] 04/03/07 08:37AM >>>
Eta numutkeun JK. Upami numutkeun juru bicara orang Walanda, henteu terang tah
namina, tapi anu pasti sanes sodara Iza, jigana kelir mah aslina tina basa
Walanda atanapi basa Ingris.
Color dina basa Inggris disorakeunnana kaler caket pisan kana sora kelir.
Jalaran kitu, wajar upami talaga warna henteu keresaeun digentos janten talaga
kelir. Oge guru ngaos pribados waktos alit dipaparin jenengan Suwarna sanes
Sukelir. Heu heu heu. Leres kitu?
Pun Asep
---------------------------------
Expecting? Get great news right away with email Auto-Check.
Try the Yahoo! Mail Beta.
---------------------------------
Sucker-punch spam with award-winning protection.
Try the free Yahoo! Mail Beta.