Nagara urang teh geus sababaraha kali ganti pangawasa. Ceuk tukang rahul mah, para pangawasa anu kungsi jadi gegeden nomer hiji di ieu nagara, boga lalandihan husus, kusabab talajak atawa prestasi anu geus dijieun. Eta lalandihan teh diaranan ku ke kecap anu tungtungna make wan. Sabada rembugan, para tukang rahul teh gilig ngaluarkeun lalandihan siga dihandap ieu.
Pangawasa Kahiji dilandih Negarawan, sabab geus kakoncara ka sakuliah jagad hiji pangawasa anu dipikaserab ku pangawasa nagara sejenna. Pangawasa Kadua, dilandih hartawan, geus katingali jeung kabuktian ku urang sakabeh. Pangawasa Katilu dilandih ilmuwan, enya da dihareupeun aranna teh aya gelar akademik jeung gelar guru gede. Pangawasa Kaopat dilandih wisatawan, sabab geus ngukir prestasi jalan-jalan ka luar negeri pang lilana. Pangawasa kalima, para tukang rahul teh rada hese neangan lalandihan anu cocok, sabab teu pati jelas prestasina. Tapi sabada konsultasi jeung Gus Dur, disarankeun mere lalandihan Heunteu parawan. Pangawasa Kagenep, ieu oge jadi masalah, sabab kanyataanana, kaayaan nagara lain tambah beres, heunteu aya kategasan dina ngaberesan hiji pasualan. Tah, kusabab kitu, geus wae dilandih jadi bingungwan. mrachmatrawyani ____________________________________________________________________________________ Bored stiff? Loosen up... Download and play hundreds of games for free on Yahoo! Games. http://games.yahoo.com/games/front

