Abdi ge kantos ngadangu STPDN garelut sareng AKABRI, Ih, ni ngisinkeun sakitu
caralon pamingpin. Ciganamah leres nu janten diangge dangah sareng adigung
adiguna teh seragam, komo eta nu dina taktak*nyaan janten katingali garagah.
Cobian pami Praja/Taruna/siswa ikatan dinas teu nganggo atribut, mung ngangge
lokasi wungkul & papan nami asa teu nyari alias celetre binti cawerang heheh.
Rai patuangan abdi (hihih*ni asa teu raoseun nyebatna) kantos "ngaku" yen STPDN
teu sahebat AKABRI. Anjeuna kantos ngiring reuni sareng rerencangan pun bapa di
AAU Yogya nyarengan pun biang. "Aku salut e Mbak, mosok temen2 Bapak yang udah
pada pensiun koq masih kompak ya?...gak kayak di kampusku", saurna. Tuda bade
kompak kumaha da di STPDN mah diperkontingenkeun, geng-gengan, barinage sanes
udag-udageun AKABRI mah atuuuuhh...(ni rarebeh pangambung lulusan AKABRI, kade
ngapung! heuheu...)
"Oh, ieu Pak Inu- Pak Inu teh*?" rada ngagerenyem, waktos abdi ningali raray
anjeuna mucunghul dina TiPi. Emut ka pun adi waktos masih keneh janten
mahasiswi tugas belajar, anjeuna sok nyarios kieu,"Waduh, dosenna Pak Inu euy
*tugas kudu anggeus buru2 yeuh maklum dosen alus & idealis, rada hese nawarna
hahah". Tugas belajar teaaa*pabaliut antawis kampus & dines. Sakapeung mah,
abdi nu sok katempuhan ngadamel tugas2 anjeuna pami kaleresan nuju dines.
Kumaha deui da nyaah kanu janten rai*nya dikerjakeun we bari rada murukusunu
oge heheh.
Pak Inu, ngagambarkeun hiji dosen nu wantunan nyanggem mana nu leres mana nu
lepat, teu gimbir, teu sumuhun dawuh, tagen, teu unggut kalinduan teu gedag
kaanginan* Dua indung panangan diacungkeun kanggo Pak Inu!
ro2
>>> [EMAIL PROTECTED] 04/09/07 11:10AM >>>
anu sim kuring terang mah,
A. critical/starting point-na
1) kapungkurna rada sering terjadi keributan antara taruna
STPDN sareng taruna AKABRI. Karena STPDN seringnya
kalah, hal ini dimaklumi karena sistem latihan fisik di ABRI
tangtu jauh lewih beurat jeung berbobot, da piraku jang
perang dilatihna nenggeulan peyeum. Jadi sanajan disiksa,
ditenggeul ku pohpor (beubeur ABRI), malah ku pakarang
M-16 (sanjata laras panjang semi otomatis) tangtu lolobana
mah karuat, da dilatih fisik beurang peuting, estu matak
awakna tareuas, ambeh jiga satria pandawa kabeh; otot wesi
tulang waja.
Jadi, akibat kaributan antara dua institusi ieu anu salah sawiosna
jadi awal perubahan di STPDN (IPDN baheula). Kekerasan dan penyiksaan
dimulai dari senior2 anu baretona sering raribut jeung institusi2 lain
anu sarua carepak (AKABRI, Akademi Pelayaran, jsjb). ngan ganti baju
wungkul....
>>> [EMAIL PROTECTED] 04/09/07 09:43AM >>>
Koran-koran poe ieu jeung MetroTV, ngabejakeun yen Inu Kencana, dosen IPDN
anu paling wani nyaritakeun aya panyiksaan di IPDN, dipariksa (di
Investagasi) ku team ti Depdagri jeung teu meunang ngajar di IPDN. Inu cenah
kamungkinan rek dibere sanksi, kulantaran muka kagorengan IPDN. Teu tibalik
ieu teh kitu? ....