Haturan kang WAG..., mugia urang sadaya salamaina aya dina panangtayungan Allah Swt....amin..
Perkawis pak dokter (pun lanceuk), Alhamdulillah nuju sehat namung dina danget ieu anjeuna nuju pakepuk pisan ku padamelan sareng sering tugas ka luar kota janten kanggo ngulampreng ka lembur babakan teh ampir teu aya waktos saurna keur mah eukeur akses internet di RSAI teh kirang sae oge....hehehe. Eta oge pami pendak sok tataros kumaha cenah kusnet ayeuna naon anu nuju rame dibahas...? punten saurna tos lami teu ngelol sareng hatur salam kasadaya baraya... Upami kang WAG aya peryogi tiasa sumping ka tempat praktekna di Apotik Abadi anu di Jl. Buahbatu caket Bank BNI Syari'ah pentaseun Superindo (pami teu lepat) tiap dinten Salasa, Kamis sareng Saptu tabuh 4 sonten dugi ka tabuh 7 wengi, carioskeun wae baraya Kusnet kitu....hehehe.. sakitu ngenaan wartos kang dokter, hatur nuhun.... "kkbm'69" -insya Allah pami pendak diwartoskeun... On 4/10/07, Akhmad Gunawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Assalamualaikum Wr. Wb. > > Raraosan mah asa tos lami pak Dokter ahli tulang ti RS Islam henteu > nepangan urang sarerea di-ieu babakan, kamana nya sareng kumaha wartosna > mugia aya dina ganjar kawiljengan. > Kaleresan sim kuring (biasalah upami peryogi nembe ngaheroan he he he) aya > taroskeuneun kinten-kintenna kunaon yeuh engsel panangan kiwa sim kuring nu > luhur (taktak) parantos kirang langkung aya kana 3 minggonna saupami muter > digerak-gerakeun senam teh disada bae dederekdekan tur rada nyeri. > Punten ah ka pak Dokter nyuhunkeun gambaran diagnosanna. Hatur Nuhun. > > Baktos, > WAG > > > Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

