geuning kabiasaan sapertos kieu teh aya ti kapungkur na nya....da lamun 
ditilik2 mah tos biasa...(duh pingin ngasih respon cuma jadi hese ngomong 
na....balepotan..boleh pake bahasa campur aduk teu nya..?)...gini ini tanggapan 
kana cerita na pak waluya...ternyata sama dari zaman ke zaman....di urang mah 
aya istilah ewuh pakewuh....rasa sungkan sama yg lebih senior....atau langkung 
sepuh...atau lebih jeleknya lagi sama yg status usia atau socialnya yg lebih 
dari kita....kalau menurut ceu2 mah ini teh budaya yg ada juga 
negatifna...nya..salah satunya kita tidak bisa atau susah menerapkan disiplin 
....dan pada akhirnya...timbul rasa bae lah nu ngawas na oge budak 
keneh.....tah kitu tanggapan ceu2
   
  klo ceu2 mah ngalaman sendiri...tibalik ieu mah posisi ceu2..nu di uji 
na....kitu oge pedah nu ngawas termasuk budak keneh..dan status na punten 
dibawah ceu2....jadi wae..ceu2 mah laluasa..ngontek...na 
hehehehe.....so...hasil ujian nya dapat nilai A+.....tah kan jadi sebenarnya 
budaya ewuh pakewuh teh kudu dihapuskeun nya..untuk mendapatkan nilai manusia 
yg lebih baik....maksadna kualitas na....
   
  wasalam,  ceu leli di dahran....
  

Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Kuring oge boga dongeng, baheula di taun 1970'an, tapi lain soal 
sakola 
kadinasan, tapi soal pangalaman ngawas ujian asup ka sakola kerjasama ITB 
jeung Dep. PU. Calon mahasiswana kabeh PNS pagawe PU, geus karolot jeung 
asalna timana-mana, ti sakuliah Indonesia. Harita kuring acan lulus sakola, 
tapi jadi asisten dosen Fisika. Ku dosen nu diasistenan ku kuring, kuring 
dititah ngilu ngawas, da Pa Dosen oge ngajar di sakola ITB-PU ieu. Atoh oge 
ditawaran teh, nu hartina engkena meunang honor ...... lumayan keur 
nambah-nambah biaya sakola.

Sapoe memeh der ujian asup, nu rek ngawas dikumpulkeun, terus dibere heula 
"pangarahan", nu mere pengarahan lamun teu salah mah salah saurang Professor 
Sipil, hilap deui aranna mah. Nu matak kaget ....salah sahiji materi 
"pengarahanana" teh, kade cenah ngawas teh ulah heuras teuing, sabab nu 
diawas teh geus karolot jeung jalma lapangan, rada barangasan. Ulah nepi aya 
kajadian siga dua taun katukang, aya pangawas ujian diteunggeul kunu ujian, 
terus diudag-udag bari ngamang-ngamang badik. Gara-garana mah eta pengawas 
teh, ngarampas sontekan nu keur asyik ditiron kunu keur ujian. Atuh rada 
soak oge, ngadenge "pengarahan" kitu teh. Tadina mah rek ngundurkeun diri 
we, ngan era ku Pa Dosen nu diasistenan ku kuring. Nya kapaksa we dilakonan.

Isukna, kuring geus di ruangan tempat ujian, nu rek ujian geus darariuk. 
Ditengetan saurang-urang. Bener we geus araya umur. Soal ujian dibagikeun. 
Pas waktuna, der ujian dimimitian. Mimitina mah nu arujian teh ngadereluk 
tekun tararungkul ngagaerawekeun soal-soal. Tapi teu lila .....kaciri di 
deretan bangku nu rada tukang, aya nu ngaluarkeun kertas tina bajuna. 
Hayang nyaho, naon eusi kertas nu dikaluarkeun teh, kuring pura-pura heula 
nguriling, nepi ka aya tukangeun manehna. Heuheuy deuh .....kertas teh pinuh 
ku rumus-rumus. Tapi sigana mah manehna hese nerapkeun rumus dina kertas 
sontekan jeung soal nu keur dipigawe .....ngan dayadag manehna ngadayagdag, 
terus tempa-tempo kenca-katuhu. Pas nempo katukang, manehna rada kaget 
kuring ngajega ditukangeun manehna. Tapi kagetna ngan sakeudeung 
.......malah terus ngomong make logat nu kuring teu wawuh :"Dik ...dik bisa 
ngerjain soal nomor ini?", cenah bari nunjuk kertas ujian.

Rada reuwas oge aya nu keur ujian malah "nanyakeun" kanu ngawas ujian, tapi 
ras inget kana pengarahan poe kamari, kuring ukur bisa ngajawab bari 
nyerengeh seuri: "Pak, saya kan pengawas ujian", bari terus ngaleos 
kahareupeun kelas.

Geus dihareupeun kelas, katengetan .......uluh geuning ampir kabeh nu ujian 
teh ngaluarkeun kertas-kertas nu pinuh ku rumus-rumus. Aya oge nu ngajawab 
bari "diskusi" jeung nu sabeulahna. Kuring jadi hookeun, sabab umur2an 
ngawas ujian, kakara ngalaman suasanana siga kitu. Kuring jadi teu wani 
kukurilingan, ngajanteng we dihareup. Ngan waktu 20 menit rek lekasan, 
kuring leuleumpangan katukang da kesel dihareup wae. Na ari pek teh aya nu 
noel, bari ngomong:" Adik mahasiswa ITB yah?"
"Ya, pak"
"Tolong dong dibantu mengerjakan soal ini, adik nanti diangkat saudara oleh 
saya", cenah bari melong pinuh ku harepan.

Sakali deui kuring nyerengeh seuri, bari ngomong:" Saya pengawas ujian Pak", 
terus ngadigdig ka pojok rohangan, ngahephep didinya tepi ka ujian lekasan.

[Dicaritakeun teh pedah we, si Bapa2 nu diawas ku kuring baheula teh meureun 
ayeuna mah geus parangsiun]

Baktos,
WALUYA

----- Original Message ----- 
From: tantan hermansah
To: [email protected]
Sent: Tuesday, April 10, 2007 10:43 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] ngawadul di sakola kadinasan

Kuring mah teu acan aya pangalaman anu kitu teh kang.
Ngan mun sok disungkeun nyiapkeun bahana, mariksaan, atawa ngahubungi para 
siswana anu...lain rada deui ieu mah, militer nyaan, kungsi sababarah kali.



         

       
---------------------------------
Be a PS3 game guru.
Get your game face on with the latest PS3 news and previews at Yahoo! Games.

Kirim email ke