Har kang... teu masihan kabarna atuh... mugiya tiasa dugi ka purwa daksiNa kang...ka Nu sajati...
oge mugiya kang Agus sabar sareng tiasa kenging kabagjaan anu langkung tina kabagjaaan tuang rama anu dijemput mulih... sampun. Jaka Agung Agus Wirabudiman wrote: > Sampurasun...palawargi... > > Haputen anu kasuhun wireh simkuring lami teu ngiring > ulubiung wawanohan dina ieu milist. > > Simkuring neda dorong du'a tipalawargi sadaya kanggo pun Bapa anu > parantos ngantunkeun ieu Alam Dunya (salin Alam) dina dinten Rebo ping > 4 April 2007 dina yuswa 62 Tahun. > > Alhamdulillah, upami ningal tina sareat pun bapa teh Pupus bari > calik+teu kantos koma, estuning emut teras dugi ka les na, katambih > paroman pun Bapa imut ngagelenyu tetep teu robih dugi ka di kulemkeun > dina liang lahat. Mudah-mudahan kuningal eta tawis, pun bapa Salamet > di Akheratna, Mulih Kajatina. Amiin. > > hatur nuhun sateuacanna > baktos > Agus Wirabudiman > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

