Leres sakumaha anu didugikeun ku Kang Asep. Di UI kapungkur (tahun 1980 an) aya program dimana kanggo "memperdalam" pangaweruh hiji seniman, tiasa kuliah di UI. Salah sawios diantawisna, nyaeta Nungki Kusumastuti, salah sahiji penari anu kuliah di Fakultas Sastra UI, dugi ka ngagondol sarjana. Teras anjeunna ngaulang di IKJ. Atuh di FISIP UI oge aya Mat Solar/Bajaj Bajuri, anu kuliah di Jurusan Sosisologi sababaraha semester. Mangga geura tingali hasilna, sinetron Bajaj Bajuri (atanapi analisis permainan bajuri) upami ditoong tina aspek sosialna, unggul tibatan sareng sinteron sanesna.
Tapi anu utami mah kedah aya political will ti pamarentah ditambih sareng dorongan/desakan ti masyarakat. Soalna salamai ieu anu gaduh "cicis" sareng akses ageung mah pamarentah. Tapi mireng wartos, tos aya lembaga pamarentah anu gaduh cicis, anu gaduh perhatian kana masalah budaya, diantawisna Sampurna Foundation, Citibank,UNESCO sareng sajabina. baktos, mrachmatrawyani --- Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kahatur kang Yani sareng baraya sanesna, > > > Iketan dines di dieu diantawisna tiasa dilaksanakeun > nganggo kerjasama sareng universitas. Universitas > anu milarian calon potensi (barudak anu gaduh minat > sareng anu sae prestasina) ka sakola-sakola SMU > atanapi ka universitas di Jabar dugi ka pamilihan, > rekrutmen, sareng pendidikannana. Pemda ngurus > waragad sareng iketan antawis calon potensial saren > Pemda. > > Ku cara kitu, Pemda janten henteu direpotkeun > teuing ku urusan mapping sareng tektek bengek > sanesna (naonnya lemesna tektek bengek teh?). > > > Kirang langkungna nyuhunkeun dihapunten. > > Salamna, > Pun Asep > > MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Hoyong ngiring aub > ngomentaran perkawis di handap. > Saeresna mah samemeh ngayakeun tindakan nyakolakeun > SDM anu aya minat nalungtik naskah kuno, > inventarisasi atanapi "maping" heula wae SDM anu > gaduh > minat sareng ancrub dina widang kaahlian nalungtik > naskah kuno. Salah sawios diantawisna nyaeta pa > Undang > Sudarsa anu dicarioskeun ku Ua Sasmita. Anjeunna > saleresna salah sahiji kandidat doktor anu > nalungtik > naskah-naskah kuno. > > Tina hasil "maping" sareng rempugan diatawis para > ahli, engke tiasa ngadamel rekomendasi kanggo > pamarentah, naon-naon wae anu kedah enggal > dilaksanakeun. Nya salah sawisao diantawisna > nyakolakeun SDM anu "berminat" nalungtik dina > widang > naskah kuno. > Atuh peranan lembaga non pamarentah tiasa ngarojong > ku > cara ngayakeun diskusi/seminar perkara ieu, kanggo > nunjukkeun ka pamarentah yen pihak swasta oge aya > "kepedulian". Kumaha tah rencana strategis ti pihak > pamarentah dina perkara ieu. Panginten Teh Ika > tiasa > ngadadarkeun pangalamanana anu sadidinten > ngagugulung > urusan pamarentah. > > baktos, > > mrachmatrawyani > > --- Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Sanaos henteu aya anu henteu mungkin, upami > > beasiswa ditanggel ku masarakat atanapi > organisasi > > nirlaba mah katinggalna beurat pisan waragadna, > komo > > dugi ka beasiswa S3 mah. > > > > > __________________________________________________________ > Expecting? Get great news right away with email > Auto-Check. > Try the Yahoo! Mail Beta. > > http://advision.webevents.yahoo.com/mailbeta/newmail_tools.html > > > > > > > --------------------------------- > Sucker-punch spam with award-winning protection. > Try the free Yahoo! Mail Beta. ____________________________________________________________________________________ Now that's room service! Choose from over 150,000 hotels in 45,000 destinations on Yahoo! Travel to find your fit. http://farechase.yahoo.com/promo-generic-14795097

