alus mang euy, ngagelenyu-ngagelenyuna mah ngan tungtung hate kasintreuk
yeuh.

sugan teu jauh teuing mikir. nu kabaca tina ieu "panyeger" ku kuring mah
oleh-oleh/mojang ti nagri deungeun dina paguneman (wangwangan) gus dur jeung
wartawan ngan ukur ti kulon wungkul. sabab nu ti wetan tengah (tempat
samemehna gusdur tolab ilmi) mah ti dulur, lamun embung disebut geus ti
sorangan oge.

singsarwa nu ti wetan tengah pasti alus. lamun aya nu goreng oge pasti bakal
katutupan ku nu lian. teu kaciri (tapi kaciri) deuih da nu goreng teu
ngurangan kaalusan nu lianna. hal ieu digambarkeun ku omongan gus dur nu
ieu:
"Lamun kageulisan 4 mojang eta, di "subsidi silang" keur hiji mojang
sejenna, 4 mojang eta kageulisanana heunteu ngurangan. Malahan mah mojang
kalima hasil "subsidi silang" eta teh, geulisna sarua jeung 4 mojang
sejenna."

tapi, aya nu patukang tonggong (paradoks tea kitu?) deuih. ningali dina
omongan gusdur nu ieu:
"Eta wae, perkara mojang-mojang di nagri deungeun, aing mah mani poekeun,
Teu nyaho nanaon. Beda jeung waktu keur tolab ilmi di Timur Tengah."

nu kabaca, gusdur (kuring atawa urang?) lamun ningali nu ti deungeun mah
keur poek. pastina lamun "newakan" oleh-oleh dina poek tea atuh sangeunahna.
naon nu karampa, naon nu karasa langsung ditewak, bari teu nyaho oleh-oleh
eta goreng atawa alus. lamun urang ganti kecap oleh-oleh eta ku budaya
deungeun, ceuk paningal kuring mah asa neunggeul pisan jeung kaayaan ayeuna.
naon wae nu ti kulon dibawa ku urang tanpa ditelek-telek heula. kadangkala
nu kabawa ukur kulitna wungkul.

tapi tina omongan eta oge aya pananya keur kuring, naha enya oleh-oleh ti
wetan tengah geus ditelek-telek kalawan bener? jeung meunang teu lamun
kuring ngaganti kecap oleh-oleh/mojang ku budaya?

heuheu, punten bisi loba salahna biasa we ngarahul paiisuk. mumuluk samemeh
engke neda siang!

dh

On 4/11/07, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Ceuk barudak ayeuna mah "GARING" teh dihartoskeun kana
hiji kaayaan anu gersang, bosen, monoton sareng
sajabina.

tah, supados KUSnet teu garing, kuring nyobi-nyobi
nyegerkeun suasana.Kenging improvisasi ti ditu ti
dieu.

baktos,

mrachmatrawyani

Oleh-oleh ti Nagri Deungeun


._,___




--
dh
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

Kirim email ke