Kabupaten Brebes jeung Kabupaten Cilacap teh dua kabupaten nu berbatasan jeung
Jawa Barat, jadi wajar pisan mun di daerah dieu aya kampung kampung sundaan.
Nya kitu deui jeung kabupaten Ciamis jeung Kuiningan aya kampung kampung
jawaan. Contona di daerah Banjar, Kalipucang, Pangandaran, loba urang Jawa
sanajan eta teh kaasup tanah sunda. Kalipucang ngaran jawa, da mun sunda mah
Cipucang, kitu sanes?
Sidareja nu dimaksud sim kuring Sidareja wetaneun Banjar, lain nu di Majalengka.
Kang Santosa
Urang Banjar
Ahmad Toha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Santosa, ieu mah ceuk babaturan kuring nu kungsi ka Berebes, yen di
Berebes aya wewengkon anu make basa Sunda, duka Berebes beulah mana-mana na mah.
Desa Sidareja, Kacamatan Cingambul, Kabupten Majalengka mah make basa Sunda
Wassalam
Emod
On 4/9/07, trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Bener kitu?
Meureun kudu dibedakeun antara wilayah kakawasaan jeung wilayah kabudayaan
atawa wilayah basa. Bisa jadi wilayah kakawasaan Pajajaran memang tepi ka
Cipamali, tapi dina kanyataanana rahayat jawa tengah kabeh make basa jawa,
euweuh nu basa Sunda. Memang ari ngaran ngaran tempat jeung walungan mah siga
nu nyunda, ditungtungan ku a atawa awalan Ci, contonya, Sidareja, Adipala,
Cilacap. Ari tungtung kecap a lain monopoli sunda, basa jawa dialek manyumas
mah memang tungtung kecapna a lain o. Tah ari Ci mah teuing, mungkin bae nu
mere ngaran walungan pamarentah pusat Pajajaran, rahayat urang jawa (dialek
banyumas) mah tinggal narima.
Walahualam,
Atawa baheula urang jawa ku kaayaan walurat nya ngalumbara ka kota ngan kaburu
cape dijalan da laleumpang, kapaksa nyarieun saung di sapanjang jalan tepi ka
kota pangdeukeutna, Banjar. Saung urang jawa beuki lila beuki loba, ieu cikal
bakal daerah dialek jawa banyumas, Meureueueunnn...
Wasalam,
Kang Santosa.
Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wilujeng wayah kieu,
Jumaah wengi kamari, kaleresan maca buku "Kebudayaan Sunda Zaman Pajajaran"
karyana bapa Edi S. Ekajati.
Dumasar kana eta buku, aya buktos yen Tanah sunda kapungkur teh legana
kinten-kinten satengah pulo Jawa. Ieu, catatan kaki tina eta buku, kaca 100
(punten henteu di Sunda-keun):
Batas wilayah Tanah sunda di bagian barat ialah Selat sunda dan di bagian
timur ialah tanah jawa yang lebih tepatnya sungai Cipamali (sekarang disebut
kali Pemali) di bagian utara dan sungai Cisarayu (sekarang disebut Kali Serayu)
di bagian selatan baik secara historis maupun budaya.
Secara historis batas wilayah itu tercatat pada naskah Bujangga Manik yang
teksnya pada baris ke-81 dan 734 antara lain berbunyi: " sadatang ka tungtung
Sunda, meuntasing di Cipamali, datang ka alas Jawa,
" (sesampai di tapal batas
Sunda, menyeberangi sungai Cipamali, tibalah ke tanah jawa,
). Batas di
selatan sungai ciserayu terungkap pada baris ke-1131 dan batas di sebelah barat
Ujung Kulon tertera pada baris ke 1359. Secara budaya batas wilayah itu terekam
dalam tradisi lisan dan tradisi tulis tentang Ciung Wanara. Pertarungan Ciung
Wanara dengan Hariang Bangga yang bersaudara itu diakhiri atas dasar kesadaran
kedua belah pihak, setelah Hariang Bangga terlempar ke seberang sungai.
Masalahnya (perebutan tahta kerajaan) diatasi dengan membagi pulau Jawa menjadi
dua wilayah kekuasaan. Tanah sunda di bagian barat menjadi kekuasan Ciung
Wanara dengan nama kerajaan Pajajaran dan tanah jawa di bagian timur menjadi
bagian Hariang Bangga dengan kerajaan bernama majapahit.
Sungai yang memisahkan pertarungan mereka dijadikan batas wilayah dua kerajaan
tersebut dan diberi nama sungai cipamali (pleyte, 1913; Ekajati, 1981). Nama
sungai itu berasal dari kata dasar pamali dalam bahasa Sunda yang berarti tabu.
Maksudnya tabu bertarung lagi dengan sesama anggota keluarga. Kesepakatan
pembagian pulau Jawa itu diabadikan dalam tradisi Sunda dengan ungkapan Ciung
Wanara ka Kulonkeun bari papantunan, Hariang Banga ka Wetankeun bari
tetembangan (Ciung Wanara pergi ke arah Barat sambil mengisahkan cerita pantun,
Hariang Banga pergi ke sebelah timur sambil menyanyikan tembang). Dalam hal
ini, pantun adalah simbol kebudayaan Sunda atau kerajaan Sunda dan tembang
adalah simbol kebudayaan Jawa.
Salamna,
Pun Asep
---------------------------------
Finding fabulous fares is fun.
Let Yahoo! FareChase search your favorite travel sites to find flight and
hotel bargains.
---------------------------------
Get your own web address.
Have a HUGE year through Yahoo! Small Business.
---------------------------------
Be a PS3 game guru.
Get your game face on with the latest PS3 news and previews at Yahoo! Games.