kang Ndud.., ari intina mah sabab eta katel jeung kaleng susu dipasang USB merk D-link anu fungsina pikeun nangkep sinyal internet, coba lamun teu make USB da moal benang eta sinyal teh. Sigana oge di sakuriling daerah eta aya POP/atawa tower ISP anu make sistem wireless atawa satelit bin gelombang. Jeung deuih sok sanajan eta sinyal geus katangkep tapi teu IP adressna tetep moal bisa ngaakses internetna ukur bisa nangkep sinyalna hungkul, duka teuing lamun aya nu bocor atawa aya rumus pikeun ngabobol IP adress nu batur mah sigana biasa ngaakses oge....hehehe. hal kaalaman ku client sim abdi, manehna teu ngahaja keur nyoba antena jieunan manehna nangkep sinyal interner ISP kuring tapi teu bisa asup da teu apal IP adressna, antukna manehna daftar jadi client kuring dina program paket homeNet anu biaya sabulana ukur 350 rebu perak unlimit tapi sistem share alias dibagi... tah kitu singkatna mah...sigana nu heueuh...bener....hehehe...
cag..ah, "kkbm'69" -jangkauan paket Homenet radius 2 -3 km tina POP tapi gumantung oge kana alat nu dipake jeung kaayan daerahna... On 4/12/07, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > kamari ngadangu cenah kang eko geus hasil nyambungkeun internet ku kaleng > susu. tah di pamulang mah make katel (ketang keukeuh aya kaleng susuna) > mangga diilo jeung ditingali di tumbu ieu: > > http://www.pamulang.net/index2.php?option=com_content&task=view&id=3&pop=1&page=0&Itemid=32 > > ngan keur kuring nu awam mah masih teu ngarti. nu jadi pananya kamana ieu > antena nangkep gelombang internet? > > -- > dh > ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ > :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.: > datiparang.blog.com . deha.wordpress.com >

