Assalamu'alaikum Wr. Wb. Baraya Kusnet di mana waé ayana. Dibéwarakeun, yén Kopdar Kusnet Jakarta Insya Allah bade diayakeun dina :
Dinten saptu, ping 14 April 2007 Tabuh 2 siang nepi ka réngsé. di bumina Teh Imas Jl. Langsat No.10 - Mayestik Kebayoran Baru Telp. 739-3652 Agénda acara : - Biasa wé, silaturahmi, ngobrol, ngopi & seuseurian... - Ngabadantenkeun sagala rupi hal anu aya pakait sareng Kukusnétan, utamina ngeunaan Halal Bihalal Kusnét 2007 Kumargi kitu, ka baraya anu salsé, anu hoyong tepang, sareng anu hoyong diaku (bari rada maksa) mangga, diantos pisan kasumpinganana, anu teu tiasa hadir, nya wayahna kedah ngusahakeun (keukeuh). Jalaran kanggo nyayogikeun sagala rupina, boh tempatna boh tuangeunana, Anu bade ngiringan, mangga ngacung atanapi konfirmasi. Anu parantos Konfirmasi, mangga ngintun konfirmasi deui ka Teh Imas : 0813 11396953. Mugia tiasa ngamaklum. Hatur nuhun, Wassalamu'alaikum Wr. Wb. -Ndoell- Tukang wawar Enbe : Anu parantos konfirmasi diantawisna : - Kang Toni Sofyan - Kang Maman Gantra - Kang Hendri - Kang Rachmat Rawyani - Kang Tirta - Kang Syam Ridwan - Kang Iim - Kang Ikmal - Kang Kamal - Kang Dikdik - Kang Badru - Kang Irpan - Kang Yayan - Kang Runa - Kang Temmy - Kang Hasbi - Kang Taufik - Kang Nanang Kusmawan - Kang Beben - Teh Imas - Teh Silvi - Teh Gia - Teh Lia Indri - Teh Mia - Teh Anna - Teh Lidya - Teh Indri hatur nuhun oge anu parantos ngabejaan moal tiasa ngahadiran jalaran aya kaleresan..

