Kang Dudi, kempel-kempel anggota kusnet teh iraha wae sareng sataun sabaraha
kali ? Upami tiasa mah, kempel-kempelna dina waktos murangkalih libur sakola
atanapi waktos saatos boboran, supados seueur anggota anu sumping.
Kanggo taun ieu, kempel-kempel teh iraha waktosna sareng dimana tempatna ?
Insya Allah, upami aya waktos sim kuring + kul hoyong sumping.
Hatur nuhun
Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kusnet ceu? ngaran legeg ti milis urangsunda ieu. pangjangna mah komunitas
urang sunda di internet. tapi aya oge nu manjangkeun jadi kulawarga urang sunda
di internet.
lebaran engke ngiring nya ceu. pangnraktirkeun heuheu...
dh
On 4/12/07, leli nurleli <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
duh....mani seueur urang garut (asgar..)...nya....boa2 keudap deui aya milis
khusus asgar...(just kidding)....mana urang tasik malaya na nya..?....ke..iyeu
aya nu rasoskeun ari kusnet teh asal na naon?. asa tos maca tapi hilap
deui...?....lamun ceuceu mah asli ti desa mangunreja...eta anu kasohor kupat
tahu na...upami aya nungalangkung ti garut ka tasik malaya...di caket sasak
besi..desa toblongan...didinya aya kena tukang kupattahu anu kasohor dugi ka
ayeuna...
biasana upami lebaran....ceu2 sakulawargi pasti sok andeprok didinya....
wasalam ceu leli...
pampam zhm <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sampurasun, ka sadayana.
Sateuacanna sim kuring bade mundut di hapunten, kumargi parantos rada lami
janten anggota kusnet teh ( +/- 5 sasih ) namung teu acan nepangkeun ( maklum
kuli, anu kedah kaditu kadieu ).
Nami sim kuring Pampam ZHM, kawit ti Bungbulang Garut ( asgar ). Ayeuna kukuli
di Sampit Kalimantan Tengah tos 6 tahun.
Hatur nuhun ka sadaya anggota kusnet, anu parantos ngamumule warisan karuhun
urang. Sim kuring ngawitan terang aya kusnet teh waktos nuju dines ka Pangkalan
Bun, kaleresan aya rerencangan anu maparin terang aya kumpulan urang sunda,
namina Kang Andy Risdianto.
Ti kawit eta, abdi janten anggota kusnet.
Wilujeng.
Salam baktos,
pampam.zhm
,___
--
dh
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com