Tong salempang perkara ngabubarkeun hiji paguron, komo
ngan sakadar IPDN. Kapaning kapungkur oge nagara urang
rek bubar,nepi ka 1 dolar= 20 rewu perak. Teu jadi
pedah aya "iming-iming" reformasi jeung otonomi
daerah. (heureuy ieu mah)
Perkara bubar-bubaran, UI oge kantos ngalaman siga
kitu. Enya waktu kalakuan para mahasiswana geus
anarhis. Tapi aya deui (bocoran) baheula waktu jaman
rektor UI Nugroho Notosusanto, UI sina pindah ka
Depok. harita masih 10 fakultas. Dina hiji gempungan
para dekan jeung rektor, sadaya dekan satuju kampus
pindah ka Depok. Ngan Dekan Fakultas Kedokteran wae
anu "embung" pindah, salah sapuluh alesanana teh, teu
aya rumah sakit paragi praktek para mahasiswa. Eta Pa
rektor UI enteng pisan nyarios "Ari kitu mah UI di
Depok nyieun Fakultas Kedokteran anyar wae".
tapi nepi ka ayeuna Fakultas Kedokteran (jeung
kedoktaran gigi) teu acan pindah ka Depok. Nu jelas
mah, para dosen Fakultas Kedokteran UI, rame-rame
mantuan paguronna Kang Tantan (UIN), ngadegkeun
Fakultas Kedokteran jeung Kasehatan Masyarakat.Duka
tah, praktek para mahasiswana di rumah sakit mana (di
RS Pondok Indah kitu?)
baktos,
mrachmatrawyani
baktos,
mrachmatrawyani
--- surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Tong bubar wae...anu tos dihukum kedah ters
> dieksekusi...Dosen2 sadayana kedah dipariksa..kitu
> oge
> Dekan...anu terlibat kesalahan proses hukum..pecat
> lamun cukup ngabahayakeun...kampus likwidasi wae da
> pinuh ku KKN...70% anak/kulawarga pejabat....nilai
> bisa dibeuli..dl..pokona henteu bermutu...........
>
>
____________________________________________________________________________________
Be a PS3 game guru.
Get your game face on with the latest PS3 news and previews at Yahoo! Games.
http://videogames.yahoo.com/platform?platform=120121