di ITB mah ayeuna aya aturan anyar, cenah. rektor kudu pendek. sangkan
para dewa oge dosen jeung sajabana, komo mahasiswa, tunduk.
enya da pendek, jadi mun panggih teh kudu tunduk tungkul. heuheu...
(punten ka kang rektor ayeuna)

taun payun, Prof. Djuanda Suraatmadja, rektor di pangulinan, Itenas,
pakar beton teknik sipi ITB rengse ngajabat rektor, tos dua kali.
hanjakal karuh. mun masih teh, gaya. unpad jeung itenas rektorna urang
DAMAS. beda entragan. Prof. Djuanda salah saurang paraji damas, kang
Ganjar Kurnia pangurus DAMAS 70an sigana.

On 4/12/07, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Di UI aya mitos Rektor mah jatah Fak Kedokteran, Menteri mah di Fak Ekonomi.
> Di Unpad oge aya mitos Rektor teh jatah 3 Fakultas: Hukum, Ekonomi &
> Kadokteran. Duka tah di paguron sejen. Kang Ganjar kahalang ku mitos kitu?
>
>   JP
>
> MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>           Walah kumaha ieu atuh, can jadi rektor wae geus
> "digoyang". naha ieu teh goyang Inul atawa goyang
> Karawang, tapi da institusi rektor mah lain lagu
> dangdut atawa ketuk tilu, hiji pancen pikeun
> minterkeun jeung ngadidik masyarakat, nu utama nyaeta
> jadi "penjaga moral" jeung "penyampai kebenaran".
>
> Inget jaman baheula taun 1982, kuring masih mahasiswa.
> Harita teh Rektor UI Mahar Mardjono diganti ku Nugroho
> Notosusanto. Kabehdieunakeun kuring kakara nyaho, yen
> Senat UI teh ngajukeun dua calon ka Menteri
> pendidikan, tapi ari nu sorana panglobana teu jadi
> Rektor. (da harita mah menteri/presiden boga hak
> prerogatif nunjuk saha anu kudu jadi rektor).
> Isu ieu teh beredar di kalangan para aktifis. Puguh
> wae atuh kampus UI jadi "digoyang". Waktu pelantikan
> rektor, (cigana) mendikbud teu wanieun datang,
> diwakilkeun ku dirjen Pendidikan Tinggi Doddy Tisna
> Amidjaja. Waktu keur ngistrenkeun rektor, di jero
> ruangan aya sora "ngabeledug", petasan anu sundut ku
> oknum mahasiswa. teu sabaraha lila, panto kampus
> Salemba "dilas", puguh wae atuh para dosen, mahasiswa
> jeung karyawan teu bisa asup. Pangahirna, kaca jandela
> gedong rektorat aya nu meupeuskeun. Unggal Peuting
> salila saminggu, di kampus Salemba para mahasiswa
> ngayakeun riungan, nyanyi jeung maca puisi, protes.
> Atuh ti harita aya buletin "suara Almamater" anu
> dikaluarkeun ku Rektorat, kalakuan mahasiswa geus
> diangga anarhis. Rektor ngancam para mahasiswa,
> lamun arembung kuliah, geus wae UI teh dibubarkeun.
> Lila-lila mah mahasiswa oge jigana capeeun. Nya ahirna
> kahirupan kampus normal deui. tah, ti harita populer
> Wawasan Almamater, anu di tiap paguron kudu dipasang
> ngajeblag di kampus bagian hareup. Oge, jadi beken
> kecap Normalisasi Kehidupan Kampus (NKK) tea, anu
> diadopsi jadi konsepna Mendikbud Daud Yusuf.
>
> baktos,
>
> mrachmatrawyani
>
> --- Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> > mang yani, simkuring sanes bade ngabela pr. mung
> > dina pr memang teu
> > nyebutkeun yen bolayna kang ganjar diistrenan jadi
> > rektor tanggal 12 april
> > ayeuna kusabab protes soal kacurangan. tapi memang
> > gara-gara sibukna juragan
> > mentri. memang di handapeun eta warta dibungbuan ku
> > masalah laporan ayana
> > kacurangan.kitu ge ukur penyataan ketua tim
> > pengembangan dosen fakultas
> > kedokteran unpad. cenah laporanna mah geus ti beh
> > ditu mula dikirimkeun ka
> > mendiknas.
> >
> > kitu nu tersurat. duka anu kasirat mah da simkuring
> > teu tiasa maca.
> > nyanggakeun beja salengkepna dina pr dinten ayeuna.
> >
> > dh
>
> __________________________________________________________
> The fish are biting.
> Get more visitors on your site using Yahoo! Search Marketing.
> http://searchmarketing.yahoo.com/arp/sponsoredsearch_v2.php
>
>
>
>
>
> Makarya Mawa Raharja
>
>
> ---------------------------------
> Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
>  Check outnew cars at Yahoo! Autos.


-- 
geocities.com/mangjamal

Kirim email ke