Kang Waluya, sumuhun kitu, manuk teh tos ngariles, tos laleungitan, tos kasedek ku jalma nu nambihan seueur. Wayahna we upami ngajelaskeun ka anak incu teh iwal ti ku buku. Di sim kuring aya buku De Avifauna van Tjibodas, 1949, hanjakal ieu buku teh basa Belanda, sareng deuih teu aya pisan disebat nami manuk dina basa Sunda, padahal bukuna kalintang sae, aya gambarna, berwarna. Mangga tah ka anu tapis basa Belanda, saena mah ditarjamahkeun kana basa Sunda atanapi basa Indonesia. Heulang Ruyuk ari basa Indonesiana naon nya..?, da aya ge Elang Sapatu, Elang Nipon, Elang Kelabu.......jste.
MSas ----- Original Message ----- From: waluya56 To: [email protected] Sent: Monday, April 16, 2007 10:50 AM Subject: Re: [Urang Sunda] tumaros ungkut-ungkut Wa Sas, ngobrolkeun manuk, kuring bet jadi inget ka lembur. Baheula mah di lembur teh loba manuk. Ti mimiti heulang ruyuk tepi ka manuk esenangka, manuk pangleutikna nu kabeukina hileud. Sabagian Manuk- manuk ieu, ayeuna geus teu katingali deui di lembur. Manuk nu geus leungit di lembur kuring: 1. Heulang Ruyuk, nu sok nyamber anak hayam 2. Alap-alap. Sabangsa heulang, bisa nyamber manuk leutik nu keur hiber. Sering nabrak kaca imah kolot kuring, kadang-kadang tepi ngagoler kapaehan .... 3. Gagak, manuk bangor nu sok macokan sangu bekel nu macul di sawah 4. Saeran, akrobatis di awang-awang, heulang ruyuk sok diuber-uber ku manuk leutik ieu. Heulang ruyuk teu bisa ngalawan da saeran pinter pisan hiberna. 5. Caladi, tukang notrokan kai 6. Bincarung, manuk anggun nu warnana koneng sorana tarik pisan 7. Kahkeh, manuk nu hirup di sisi walungan. Kabeukina lauk nu disamber ti luhur 9. Manuk-manuk rawa disawah : Hahayaman, kakareoan, beker, pecuk .... Jeung nu sejenna deui, paroho deui aranna mah. Ayeuna dilembur tinggal manuk laleutik ....jeung jadi loba manuk galejra, da baheula mah euweuh, nu aya teh piit jeung bondol. Baktos, WALUYA --- In [email protected], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kang Adit, nya moal kapendak atuh ari milarianana di sabudeureun Salman mah. > Geura ka Margawangi aya buku "Burung-burung di Jawa dan Bali" aya manuk ungkut-ungkut. > Ceuk eta buku mah : (Laten) megalaima haemacephala, (Inggris) Coppersmith Barbet > > MSasmita

