Abdi sapuk pisan kang...
tapi emang sanes pamarentahna hungkul anu kedah luwes. masyarakat oge kedah
sadar, yen ayeuna Bandung membutuhkan perubahan, utamina dina widang
transportasi.
atuh ayeuna mah, tiasa wae, misalkeun ku pamarentah, angkot teh
dikasisikeun, trus supir mah satuju saleresna mah, tapina 2 poe tidinya,
ujug2 weh supir angkot demo, mawa pamajikan jeung anakna. kunaon bisa demo?
ku sabab loba LSM anu jadi provokator.
Lah... emang hese siyh, tapina lain hartina teu bisa. Pasti BISA
ngabereskeun urusan transportasi di Bandung.

Perkawis seueur anu nyarios itu ieu mah, emang eta resiko dan konsekuensi
dari kebebasan berbicara di nagara urang. Amun ceuk kuring mah, ayeuna
negara Indonesia teh bisa disebut Negara anu Bebas Pisan ngomong. da di
nagara abdi cicing mah, teu kaop ngagogoreng pamarentah, isukna teh bisa
ujug2 leungit jelemana. hehehehe...

cag ah...

-Bohay-

On 16/04/07, trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Kanggo Kang Bohay,
Sabab carana pamarentah nerapkeun penambahan beus kurang luwes. Tingali
heula naon sababna supir angkot maledogan beus? Sabab ngaganggu kalancaran
rejekina. Kumaha carana dapur maranehna tetep ngebul? Loba carana, ulah
ngadatangkeun angkot anyar. Ganti trayek ka pasisian, ayakeun trayek anyar
make angkot nu aya, gratiskeun urusan administrasi keur ganti trayek ka
pasisian. Keun di jalan jalan protokol sina kakurangan angkot secara
alamiah. Ke geus kakurangan kitu pan gampang dieusian beus. Dimimitian ku
beus patas, ulah beus nu eureun unggal parapatan, eta mah nyoro rejeki
angkot. Pokona gampang lah asal aya political will ti pejabat pamarentah.

Kang Santosa


*Reka Gayantika <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:

 Bareto mah, amun aya parentah ti pemerintah anu kararitu moal hese, da
rahayat oge pasti nurut.
ayeuna mah, tong waka maen ganti jiga kitu, misalkeun, nambahan jumlah
beus weh, pasti langsung rame daremo, langsung kabeh bus dibaledogan ku
supir angkot. ayeuna mah pamarentah teu bisa sa heuras bareto apanan.

-Bohay-


Kirim email ke