http://www.tiki-online.com/ratedom.asp
On 4/17/07, Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Punten, aya anu uninga URL TIKI? Pribados gaduh niyat meser eta buku. Salamna, Asep Hadiyana *kumincir <[EMAIL PROTECTED]>* wrote: ---------- Forwarded message ---------- From: Aasep <[EMAIL PROTECTED]> Date: Apr 16, 2007 8:42 PM Akang n' Teteh, Alhamdulillah abdi nembe pisan pendak sareng Ketua Yayasan The Heritage Bogor Kang Nanat, tadi abdi nyuhunkeun tulung kanggo ngabantos nyadiakeun rekening kanggo rerencangan sadayana anu bade meser bukuna Kang Herwig :). Kang Nanat saurna fully support. Mangga anu tos mesen sareng anu bade mesen dimana wae ayana kantun di transfer wae artos kanggo ngagentosan harga bukuna Rp. 58.000 + biaya kirim, mangga tinggali wae di web-na TIKI kanggo ongkos kirim ka daerahna masing-2 ti Bogor, tanferna ka no rek 054-01-12377-00-0, Bank Niaga Cabang Bogor a/n Yayasan the Heritage Bogor. Upami bingung ngetang ongkos kirim-na mangga contact we ka abdi. Saparantosna ditransfer punten di konfirmasi ka imel abdi, upami tiasa bukti setorna di scan atanapi di fax we ka 0251 350800 attn. Yayasan The Heritage Bogor. Supados Neng Dewi bendahara Yayasan tiasa gampil ngecekna. Saparantosna katampi artosna bukuna langsung dikirim via TIKI. Engke Akang Teteh kantun ngantosan, upami hoyong ngecek kirimanna mangga contact abdi ke dipasihan terang tracking number-na :). Abdi srg Ki Upu bade pendak sareng Kang Herwig dinten Rebo upami teu aya wagelan, kanggo mesenkeun bukuna sareng nyuhunkeun supados anjeuna kersaeun masihan tandatangan-na :D. Abdi katut sadaya anu ngabantos mromosikeun ieu buku teu nyandak kauntungan, sadaya artos hasil penjualan ieu dilebetkeun ka Yayasan :). Ngeunaan bukuna ditulis dina bahasa inggris, numutkeun pamendak abdi mah sae kanggo nambih wawasan ngeunaan sajarah kasundaan anu saur Kang Herwig mah eduuuun atanapi ajiiiib pisan, culture-na oge sae pisan, hal ieu anu nyebabkeun kerajaan Sunda termasuk kanu pang lamina anu bertahan :). Over 1000 years of prosperity & glory. From Tarumanagara to Pakuan Pajajaran :)... Komodeui upami ditambih ku Sumedang Larang panerus Pajajaran panginten prosperity & glory-na nambih deui :D. Mudah2an ingfona aya mangfaatna :). Salam Sunda Kingdom, Asep Reueus janten urang sunda, anu urang Jerman wae nyaah ka Kasundaan :) ------------------------------ Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell? Check out new cars at Yahoo! Autos.<http://us.rd.yahoo.com/evt=48245/*http://autos.yahoo.com/new_cars.html;_ylc=X3oDMTE1YW1jcXJ2BF9TAzk3MTA3MDc2BHNlYwNtYWlsdGFncwRzbGsDbmV3LWNhcnM->

