Enya kang eko... ayeuna abdi di Malaya biaya langganan teh ngan 88 Ringgit (kurang leuwih 220 rebu rupiah) ieu teh Unlimited teras oge speedna 1 Mbps. lumayan lah kanggo ngadonlod DVD nganggo torrent mah. Sasih kamari mah, di cek teh penggunaan nepi ka 30 giga leuwih... da atuh ampir unggal poe nyedotan DVD. hihihihi... Mudah2an weh di urang oge bisa murah nya kang... tapina cenah ayeuna speedy atos mirah. tapina speedna sakumaha?
-Bohay- On 17/04/07, eko107 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hatur nuhun informasina kang asep. Eta we abdi mah mudah-mudahan akses internet bisa luewih murah unlimit deui. Asana mah Menkominfo geus janji rek ngamurahkeun akses internet ieu minimal sarua jeung singapur jeung malaya anu cenah mah mung 200 rebu / bulan unlimit sugan diurang mah bisa 50 rebu he he.....sugan eta ogenya. Punten loba cenahna Baktos ERN --- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>, Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]>wrote: > > Punten nganggo basa loma, > > Dina raraga palaksanaan good governance, saban aturan anu dikaluarkeun pamaréntah kudu dijieun babarengan jeung pihak swasta sarta masarakat sipil madani. Salah sahiji aturan anu keur disusun ku pamaréntah nyaéta "Peraturan Menkominfo tentang Standar Wajib Kinerja Operasi Penyelenggaraan Jaringan dan Jasa Telepon Bergerak Seluler". Baraya sabagé bagian tina masarakat sipil, lamun hayang ulubiung méré tanggapan kana draft aturan kasebut sumangga baca dina: http://www.postel.go.id/update/id/baca_info.asp?id_info=633 > > Beurang ieu ogé geus dilaksanakeun rapat jeung para operator jasa fixed telephone pikeun nyusun aturan sarupa keur jasa teleponi dasar lokal, SLJJ, sarta SLI. Hanjakalna wawakil PT Telkom anu dipikaharep datang, euweuh anu hadir. PT Telkom arék dipénta tanggapanna sacara tertulis. Dina waktu deukeut hasil pambahasan ieu bakal diupload dina website sarupa pikeun ménta tanggapan ti balaréa. Insya allah, bakal nyusul oge aturan-aturan "quality of service" pikeun layanan telekomunikasi lianna saperti Internet Broadband, Internet Dial Up, jeung sajabana. > Salamna, > Pun Asep > > > --------------------------------- > Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell? > Check outnew cars at Yahoo! Autos. >

