Ari ngobrolkeun ngeunaan keurseus (kursus) bahasa inggeris jeung bule geulis-geulis kitu.... Sim kuring sok inget baheula.... Pernah miluan kursus. Biasa..... jeung balad-balad KOBRA (Kolot Baragajul).... di Surabaya, memeh Ua Sas ka Sby... Kursus di Kantor, guruna diangkir ka Kantor.... Unggal isuk sueii sueii.. sueii.... okeh ....okeh ... .. iyes... iyes... Hiji mangsa aya kunjungan 1 bule geulis kawanti-wanti... endah kabina bina... Para KOBRA batan ngadengekeun kalahka.. olohok ngembang kadu ningali kageulisan eta wanoja bule.... Beres keurseus... eta wanoja jadi bahan obrolan sarerea... Bari ngalamun.... "Euy siganamah lamun urang di kerem dihiji kamar, duaan jeung manehna... 3 bulan wae... pan kapaksa tah kudu ngomong bahasa inggeris... siganamah 3 bulan lancar euy bahasa inggeris urang".. ceuk KOBRA 1 "Can puguh euy..." ceuk KOBRA 2, "Can puguh bisa bahasa inggeris namah..... anu puguhmah bisa hamil...." Ceuk KOBRA 2
Cag ah.... Wassalam... Mamat Rachmat mantan jajaka kapaksa Ua Sas ... hade tah Blog tehhh,... panghareupna sampeu.... aya jampe nguseup henteu ??? ----- Original Message ----- From: MSasmita To: [email protected] Sent: Monday, April 16, 2007 5:23 PM Subject: Re: [Urang Sunda] 2 bule bakal nganjang ka NECC........... Sim kuring tos ngiringan 5 x pertemuan, reseplah, bari basa Inggris tipaparetot ge tetep we resep, kalan-kalan bari heureuy nyarioskeun hal kasundaan. Komo dinten enjing mah (Rebo 18 April 07) da bakal aya bule geulis, heu heu....! Kang Misan...nuhun ah..... Bah Willy saurna bade gabung, sok atuh diantosan enjing.......di NECC. Sim kuring ngajak balad nu sanes aya Kang Asep nu resep leuleuweungan, aya Yudi budak Sejarah ti Unpad, aya Indra ti Komunitas Buku Bandung. Sok ah diantos nu bade gabung ti Kusnet. MSasmita ----- Original Message ----- From: AA misan To: [email protected] Sent: Tuesday, April 17, 2007 1:49 PM Subject: [Urang Sunda] 2 bule bakal nganjang ka NECC........... Assalamu'alaikum Wr Wb, Ka baraya Kusnet nu mikaresep basa Inggris, mangga diantos pisan kasumpinganana di Nilem English Conversation Club di Jl NilemV/2A-Bdg. Nya nu utamina mah urang diajar 'ngadu-bako' ku basa Inggris.Insyaallah enjing jam 10.oo AM (04/18/07) NECC bakal dianjangan ku dua bule nu kasep jeung geulis ti Amrik (Two US good looking native speakers). Diantos . Wasalam Misan ---------------------------------------------------------------------------- Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell? Check out new cars at Yahoo! Autos.

