ari ieu saha??
kangNdul nu mana tea?? kangNdul anak sakola nu teu lulus2??
asa teu wawuh da kuring mah 
heuheuheu........


Teuing atuuh....

-dik2-
angger_Tukang_sare

--- In [email protected], "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> saha ieu teh ?
> Kang Dikdik ? asa wawuh....
> heu heu...
> 
> enya, ngawakilan panata calagra, nuhun sateuacana.
> bener pisan yen kasadaran teh sing jadi motivator
> keur urang sakabeh.
> 
> "Urang sunda geura hudang" atawa "Haling ku Aing"
> tong ngan saukur jadi simbol-simbol anu ngajeblag
> dina kaos wungkul, tapi kudu aya oge dina jero dada urang
> sewang-sewangan.
> 
> Nya ?
> 
> 
> -Dul-
> tukangkompor
> 
> --- In [email protected], "dicksvf" <dicksvf@> wrote:
> >
> > 
> > miluan ngobrool aaahh....
> > sugan weh jadi rame :D
> > 
> > nepangkeun deui (da baheula ge pernah nepangkeun, bisi paroho)
> > sim kuring dikdik van wanayasa, ngancik di jakarta ayeuna mah...
> > 
> > biasa ari diperedih mah, da sugan nu mere ideu boga solusi nu 
> leuwih
> > batan nu ngadengekeun eta ideu.
> > 
> > kangNdul, uing siap lah ngabantuan (sakamampuan uing tapina nya)
> > 
> > geus waktuna urang sunda teh nguniang, ulah eleh ku urang batak,
> > padang, jawa, sulawesi, nu sakitu raket na duduluran teh
> > 
> > lain rek sukuisme, tapi da akar urang ti sunda, kudu urang nu
> > ngaluyukeun jeung ngabanguna
> > 
> > urang sunda loba nu boga kamampuan leuwih, nu boga 
> bakat/kaahlian...
> > ngan sahiji nu kurangna, loba keneh nu hayang sewang2an, embung 
> korban
> > jang sasama, egois.
> > eta teh katingali pisan dina kahirupan
> > uing oge meureun asup kadinya.
> > 
> > waktuna mecut diri sorangan. 
> > ulah sakadar gogorowokan: urang sunda hudang
> > 
> > 
> > hapunten ka baraya sadayana, teu aya maksad + paniatan awon dina
> > mosting ieu.
> > pami aya nu kapecut, panginten eta mah diri kuring sorangan nu 
> kapecutna.
> > 
> > cag..
> > 
> > pun Dikdik
> > tukang sare
> > 
> > 
> > 
> > --- In [email protected], MRachmat Rawyani
> > <mrachmatrawyani@> wrote:
> > >
> > > Pantesan atuh baraya KUSnet anu sakitu rewuan
> > > anggotana, ngan sababaraha urang wae, anu sok biasa
> > > mucunghul di KUSnet.
> > > Sieun lamun ngusulkeun, sok diperedih solusina, atawa
> > > solusi nasional (soluna) tea. (Aeh eta mah mobil sedan
> > > toyota soluna atuh).
> > > Jadi weh,  caricing ngadarepong.
> > > Enya ayeuna mah jamanna network, timwork, tapi hese
> > > dipraktekeunana. Komo deui bari jeung kudu angkag
> > > ingkig mah. Meakkeun waktu, tanaga jeung dana.
> > > Tapi pan cenah silaturahmi paamprok jonghok teh
> > > manjangkeun umur jeung manjangkeun rezeki, aya
> > > mangpaat anu teu bisa dihargaan ku harta banda.
> > > Tapi ketang eta mah gumantung kana paniatan
> > > masing-masing.
> > > 
> > > 
> > > baktos,
> > > 
> > > mrachmatrawyani
> > > 
> > > 
> > > 
> > > 
> > > --- ndoell <ndoell@> wrote:
> > > 
> > > > Teorina mah kitu....
> > > > gampil pisan ngajukeun teori mah. Tapi dina
> > > > kanyataanana mah
> > > > pan hese. Pira ngumpulkeun jelma 50 urang keur
> > > > Kopdar ge pan
> > > > hese. loba kaleresan. Ieu kenyataan nu aya.
> > > > 
> > > > Enya, Kusnet teh hiji network. Jaringan. kasebutna
> > > > mah kitu.
> > > > Jeung kuduna mah kitu. Padahal, potensi-na gede
> > > > pisan sabenerna
> > > > mah, ngan acan terstruktur wungkul.
> > > > 
> > > > Mun enya rek nyieun hiji acara oge, tangtuna memang
> > > > kudu ngalibat
> > > > keun pihak-pihak sejen. Tangtos pisan...
> > > > Da Kusnet mah ngan saukur bisa usul jeung usul
> > > > wungkul. Da meureun
> > > > kudu aya kordinator, aya penghubungna, aya panitia
> > > > jeung sajabana.
> > > > 
> > > > Cik ...
> > > > Kumaha mun arusul teh atuh, bari jeung ngacung siap
> > > > sadia rek 
> > > > ngabantuan ?
> > > > 
> > > > 
> > > > 
> > > > -dul-
> > > > 
> > > >
> > > 
> > > __________________________________________________
> > > Do You Yahoo!?
> > > Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
> > > http://mail.yahoo.com
> > >
> >
>


Kirim email ke