ih si mamang mah hilap ? pan di urang ge geus aya jalan tol di jero taneuh tuh di sidoarjo jalan tol na geus di jero taneuh ayeuna ngan beda nateh teu bisa dipake wungkul ....
On 4/18/07, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
ieu mah ngan ukur pikeun babanding nagara deungeun geus nepi ka mana ngurus transportarasi. di pyongyang, torowongan pikeun kareta/metro, jerona 100m. sedeng di seoul, ngan 30m. stasiun di metro pyongyang didesain kalawan hade, nurutkeun gaya nu sarua di moskow. maklum, harita dijieuna make tanaga ahli (jeung duit) ti uni sovyet. naha jero kitu? sabab cenah salian ti pikeun kareta lulumputan, oge bisa dipake pikeun bunker atawa tempat nyalindung rahayat upama kajadian perang nuklir. kabeh kota dunya geus baroga moda tranportasi jero taneuh, apan singapura oge nu sagede pelok dibanding endonesya, geus boga metro, MRT tea, ti mass rapid transport. komo paris london new york mah geus ti beh ditu mula. atawa rek make jurus batur bisa, urang mah teu kudu. hihi. malah batur mah nyieun heula kareta di jero taneuh memeh aya monorail, da teknologina pandeuri kapanggihna. kareta di subway make listrik, monorail make magnet, asana. atawa teu kudu niru batur nya. cara urang we ayeuna. angkot. ojeg. beca. delman istimewa ku duduk di muka tea. hehe. moderenna beda. heuheu mj http://geocities.com/mangjamal

