@ kang bohay
   
  hatur nuhun kang Bohay, bade tumaros wae, kuncen Kusnet anu di Korkid teh 
jenengan saha? punten rada calutak tumaros perkawis kuncen...da sim kuring teu 
acan pados gaul di Kusnet...
   
  Sim kuring mah mung sakedap rencana di Korea na teh, akhir april oge tos bade 
mulih ka Indon, nuju aya tugas negara nyandak kapalna Angkatan Laut anu ayeuna 
di damel di Busan, nya panginten upami nganggo kapal mah aya kana 2 minggon ti 
korea dugi ka indonesia teh, upami sagalana lancar mah pertengahan mei tos dugi 
ka surabaya, kumargi pangkalan na di surabaya....
   
  sakali deui hatur nuhun kang..
   
  @ ceu leli
   
  resep sigana mah nya ceu di arab teh, bisa sakantenan ibadah upami di arab 
mah...
  wilujeng week end atuh ceu..
   
  nuju rame Kusnet teh, seeur anu diobrolkeun ku baraya2 sadayana, punten teu 
acan tiasa nimbrung....
   
  mt
Reka Gayantika <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Bagea kang Taufik...
Kadieu ah, calikna tong di juru, ditengah weh... ditengah Balong tapina. 
heuhuehue...

Owh, geuningan urang Korea? wah, di korea mah aya salah sahiji Kuncen Kusnet, 
tos puluhan taun di Korkid (korea kidul). sok geura amengan ka KBRI, pasti 
pendak. hehehe... 

Nepangkeun oge kang, Abdi wasta Reka, landihan mah Bohay
Abdi teh lalaki, kasep oge, leuwih kasep ti kang Ndoell cenah mah. hihihihi...
Urang Bandung Asli, ayeuna nuju ngumbara di Malaysia, di Kuala Lumpur atos 1,5 
taun, Insya Alloh Agustus ieu mulang ka Lembur. 
Tos ah, sakitu heula weh nya...

*Teh Leli... nuju di arab??? Pang nyandakeun Onta hiji atuh kanggo engke acara 
HBH. hihihi

-Bohay-


  On 15/04/07, leli nurleli <[EMAIL PROTECTED]> wrote:            
  w b ...mang taufik anu di korea.....mangga calik...di juru...(ari nu anyar 
mah di juru heula....)....tos lami di korea...??...
   
  salam ceu leli...mewakili yg lain...jigana klo hari minggu mah pada 
istirahat....janten rada sepi milis na....eh klo ceu2 mah week end kamis 
jumaat...maklum ditanah arab.... 

mtaufik44 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
      nepangkeun, sim kuring nembe ningal milis ieu, hoyong ngadangu cariosna 
urang sunda timamana, dupi ayeuna posisi nuju di busan, korea, upami 
kaleresan aya urangsunda anu nuju di korea oge, nya upami tiasa 
papendak, atanapi silih patuker pangalaman, nyuhunkeun di tampi...




  
  
---------------------------------
  Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check out new cars at Yahoo! Autos.   
  






  

         

       
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check outnew cars at Yahoo! Autos.

Kirim email ke