Sigana hiji waktos sim kuring hoyong ameng ka Museum Geusan Ulun teh, hoyong motret koleksi kujang nu aya, sareng sakantenan hoyong terang sejarah kasang tukang eta kujang anu aya. Sim kuring sareng sababaraha balad nu sanesna nuju rada daria hoyong ngadamel buku ngeunaan kujang. Tapi nyaeta aya nu rada gejed, salami ieu can mendakan Empu anu ngadamel kujang, leres seueur Empu anu asalna ti Pajajaran boh mangsa Galuh boh mangsa Bogor, tapi teu kasebat ngadamel kujang. Dina naskah Sanghyang Siksakandang Karesian disebatkeun yen kujang teh parabot tatanen, tapi upami ningali pamorna anu aya tangtos kujang sanes sakadar parabot tatanen, leres aya makalah anu nyebatkeun aya parobahan fungsi ti kudi janten kudi hyang anu akhirna janten kudiang, sering disebat kujang, tapi eta makalah teu nyebatkeun sumber tulisna. Manawi we di Museum Geusan Ulun aya nu tiasa masihan katerangan, sawios sakedik oge. Di Museum Sri Baduga, sami bingungna da waktos ngariung kaping 14 April kamari ge aya nu ti Museum Sri Baduga, tapi teu acan tiasa masihan katerangan. Atanapi aya balad Kusnet anu tiasa masihan katerangan...? sareng upami dina keris aya rupi-rupi pamor keris, tah dina kujang ge kitu, tapi naon disebatna, istilahna kanggo eta rupi rupi pamor teh. Teu acan aturan ukuran dasar kanggo unggal-unggal kujang, varian tina eta,.....jste....!! Urang Sunda tos leungiteun pangaweruh hal keris, numbu kana leungiteun kudi, leungiteun kujang, ayeuna sigana tos ngawitan leungiteun bedog, nu kumaha bedog Ciomas, nu kumaha bedog Cibatu, nu kumaha bedog Ciwidey......jste.... Tong hilap dina bedog aya sarangkana, dina sarangkana aya nu disebat simeut meuting, tah simeut meuting eta ge seueur wandana, seueur bentukna anu unggal bentuk aya namina,.....naha eta kalebet ragam hias....., saha anu tos nalungtik ragam hias Sunda...? Mangga diantos ka barudak ngora ancrub kana widang eta.....seueur keneh anu kedah digarap, dipaluruh.....!!
MSasmita ----- Original Message ----- From: waluya56 To: [email protected] Sent: Wednesday, April 18, 2007 1:13 PM Subject: [Urang Sunda] Museum Geusan Ulun

