Kuresep eta aya lunch time-na. Komo deui eta ku bubur lemuna. Kanggo ngenalkeun
bubur lemu ka si aki sareng si nini, kantun milarin bahasa Inggris-na bubur
lemu, naon nya?
AA misan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum Wr Wb,
Insyaallah Rebo payun (04/25/07 ?) NilemEnglishConversationClub
bakal rame deui ku sumpingna nini sareng aki ti Englewood NJ nu
saurna mah sasab di Bandung tos aya kana sa mingguna. Rupina mah
teu aya lepatna upami NECC ngondang ieu dua Amrik nu nuju sasab
ka Nilem 5/2A Bubat ti tabuh 10.oo AM dugi ka rengse, diteraskeun ku
lunch-time di tempat nu sami. Malih simkuring parantos titip saur ka nu
gaduh bumi (upami teu ka abotan kitu oge) pados nyayagikeun bubur
lemu minangka kanggo 'cuci mulutna'. Peupeujeuh ti si aki jeung nini ka
simkuring kedah nyayagikeun hayam nu hipu tak bertulang. Boneless
chicken tea panginten nya ? Beu, tetela si aki-nini kolot ieu mah loba
pamenta. Baraya Kusnet, yu urang 'mangpaatkeun' si Amrik kolot ieu,
urang gali elmu basa Inggris-na. Insyaallah enjing jaganing pageto oge
urang bakal tiasa cas-ces-cos dina basa Inggris jiga maranehna (native
speakers) .
Hope to see you all there April 25/07 .
Wasalam
Misan .
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check out new cars at Yahoo! Autos.
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check outnew cars at Yahoo! Autos.