kabita-kabita na mah ti awal ge, kang. mung rebo jumaah jam 10 mah, kahengker ku pangulinan kang. sanaos sanes jam ngawadul di kelas, da dosen tetap (ripuh), aya jam administrasi. ngan ukur nga sms si Ua Sas we.
rebo kamari ge, tos niat, bade bolos dua jam ah, bade ka nilem. tapi teu janten da aya samting tudu. abdi kantos diajar cas cas cus basa inggris gratis teh ka bule nu piknik di pangandaran. harita mah-jaman SMA- unggal bule dianggap bisa basa inggris. hehe. sok ngahaja nyampeurkeun ari aya bule teh. terus haw ar yu? wer yu kam prom? hehe. tah hiji mangsa pendak jeung nini-nini aki-aki dina beus ka pangandaran. urang australia. ngajak ngobrol bari memener basa inggris gunungcupu abdi. si nini ngusapan sirah, siga ka incuna atawa anak bungsuna. haha. kungsi bagadang di basisir pangandaran sareng Alen, urang UK nu damel di Aussie. emut keneh, manehna nyarios torch, nu kadangu touch. lieur. ongkoh kecap2 basa inggrisna masih keneh sauted. si bule eta nyandak anggur cap orangtua sakeresek. hehe. gigitaran. masih emut laguna, stairway to heaven. tengah penting, di basisir pangandaran ngan ukur dicaangan lilin jeung api unggun. nuju sakola di bdg, ari pas mulang ka ciamiskeun kadang2 sok kaleresan aya bule turis jenis backpacker. bari digarimbung pedagang asong di cicaheum. siga laleur. kadang2 sok rada dicaram, geus atuh nawarna, karunya. sok disampeurkeun, komo mun istri wungkul (jeung geulis). cis cis cus in englis. tapi sok sadar ari tos disada. urang bieu salah nyarita. bentukna kudu past tense da kajadianana baheula. tapi pake present tense. hehe. kungsi kasinggung ku bule turis teh. basa beus istirahat makan. bule nginum coco cola kaleng. kuring nginum enteh sunda (enteh teu make gula) jeung sangu tempe ati. ngobrol. manehna nyarita yen dina buku tour guide aya petunjuk, ati2 inuman kadaharan di rumah makan sisi jalan di indonesia, loba nu teu higienis. kuring nunjukeun sangu jeung teh nu keur dihareupan. look, mister, I eat this everyday and still alive! hehe -------- Assalamu'alaikum Wr Wb, Insyaallah Rebo payun (04/25/07 ?) NilemEnglishConversationClub bakal rame deui ku sumpingna nini sareng aki ti Englewood NJ nu saurna mah sasab di Bandung tos aya kana sa mingguna. Rupina mah teu aya lepatna upami NECC ngondang ieu dua Amrik nu nuju sasab ka Nilem 5/2A Bubat ti tabuh 10.oo AM dugi ka rengse, diteraskeun ku lunch-time di tempat nu sami. Malih simkuring parantos titip saur ka nu gaduh bumi (upami teu ka abotan kitu oge) pados nyayagikeun bubur lemu minangka kanggo 'cuci mulutna'. Peupeujeuh ti si aki jeung nini ka simkuring kedah nyayagikeun hayam nu hipu tak bertulang. Boneless chicken tea panginten nya ? Beu, tetela si aki-nini kolot ieu mah loba pamenta. Baraya Kusnet, yu urang 'mangpaatkeun' si Amrik kolot ieu, urang gali elmu basa Inggris-na. Insyaallah enjing jaganing pageto oge urang bakal tiasa cas-ces-cos dina basa Inggris jiga maranehna (native speakers) . Hope to see you all there April 25/07 . Wasalam Misan . mj http://geocities.com/mangjamal

