Huahahahahahahaha...sailen plissss...heup.. Sae pisan kang Wag-wag, .tapi...saya mah da teu resep buah kadu, kudu nurutan buah naon nya?
_____ From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Akhmad Gunawan Sent: Thursday, April 19, 2007 2:40 PM To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] Falsafah buah Baraya, ieu aya oleh-oleh ti tatanggi sapalih. Falsafah Buah 1. Ulah resep pamer ; Siga jagong ulah siga jambu monyet.Jagong nyumputkeun sikina anu sakitu lobana tapi jambu monet nembong-nembongkeun siki anu ngan hiji-hijina. 2. Satia ka pasangan; siga tangkal cau.Tangkal cau buahan ngan sakali terus paeh 3. Inner beauty (naon sundananya, naha geulis hatena kitu); Siga kadu ulah siga kadongdong 4. Riksa kahadean sajeroning urang gaul; siga bangkuang, sanajan hirup di jero taneuh tetep bae jerona mah bodas bersih. 5. Lalampahan anu adil; jiga ranggeuyan peuteuy ulah jiga ranggeuyan rambutan. Peuteuy ngabagi kadaharan anu rata ka masing-masing ese peuteuyna. 6. Jujur ulah munafek; siga buah manggu, eusina bisa ditoong kujalan nempo tanda anu aya diluarna. 7. Loba manfaatna; siga buah dada, sajaning mangfaat jadi sumber giji keur budak oge bisa jadi alat rekreasi keur bapana budak (he he he he). 8. Hiji deui yeuh nyaeta ulah iri hate; siga buah ....., sanajan baturna mah suka bungah dijero, manehna ma sabar caricing bae diluar. (ha ha ha ha) keun bae teu rame oge pokona mah seuri bae bongan siga kang Syam teu bisa-bisa gening. Cag ah, WAG

