naha iraha sareng dimana diayakeunana NECC teh...?
naha aya pangaosna teu, saupami bade ngiringan ulubiung...?
lajeng ku ayana online...rupina e-learning tiasa diramekeun...
mangga...saha anu bade...ngawitan...e-learning...(melalui chatting ...)
tapi ulah tuluy heureuy...kedah seurieus...nya akang, euceu...
hatur nuhun...sateuacana..

baktos, 
d


----- Pesan Asli ----
Dari: Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Kamis, 19 April, 2007 3:52:51
Topik: Re: [Urang Sunda] Nini & Aki ti Englewood, New Jersey - USA ... Saha?

Leres kang, eta mah akang nu ngalilieur maneh. he he he.

Iwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
Kahoyong mah ngiringan ilubiung di NECC, nanging da kumaha atuh tebih..

Ngeunaan bahasa inggris teh aya sakedik pasualan ti abdi ngeunaan 'who'
sareng 'what', geura;

Naha 'Saha ngaran maneh' di inggriskeun jadi 'what is your name?'

sedengkeun lamun 'who are you?' pasti jawabanana kana hal2 ngeunaan diri
urang, lain ngaran. Misalna "I'm his friend", atawa "I'm a representative
from our company", dll.
Panginten hartosna "Ari maneh saha?", tapi keukeuh we pan ari di sunda mah
dijawab ku ngaran.

Atanapi memang anu leres kedahna 'naon ngaran maneh?' sanes 'saha'.. asa
kagok geuning.
janten nu rancu teh di basa inggris atawa basa sundana nya? da geuning di
indonesia oge naros nami teh ku 'siapa' sanes 'apa'.

Hapunten sateuacana, geuning kuring mah mung ngalilieur wungkul, atawa
kuring sorangan nu ngalilieur maneh nya? heuheu..

Wassalam,
Iwan

----- Original Message -----
From: AA misan
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Sent: Thursday, April 19, 2007 2:47 PM
Subject: [Urang Sunda] Nini & Aki ti Englewood, New Jersey - USA

Assalamu'alaikum Wr Wb,
Insyaallah Rebo payun (04/25/07 ?) NilemEnglishConvers ationClub
bakal rame deui ku sumpingna nini sareng aki ti Englewood NJ nu
saurna mah sasab di Bandung tos aya kana sa mingguna. Rupina mah
teu aya lepatna upami NECC ngondang ieu dua Amrik nu nuju sasab
ka Nilem 5/2A Bubat ti tabuh 10.oo AM dugi ka rengse, diteraskeun ku
lunch-time di tempat nu sami. Malih simkuring parantos titip saur ka nu
gaduh bumi (upami teu ka abotan kitu oge) pados nyayagikeun bubur
lemu minangka kanggo 'cuci mulutna'. Peupeujeuh ti si aki jeung nini ka
simkuring kedah nyayagikeun hayam nu hipu tak bertulang. Boneless
chicken tea panginten nya ? Beu, tetela si aki-nini kolot ieu mah loba
pamenta. Baraya Kusnet, yu urang 'mangpaatkeun' si Amrik kolot ieu,
urang gali elmu basa Inggris-na. Insyaallah enjing jaganing pageto oge
urang bakal tiasa cas-ces-cos dina basa Inggris jiga maranehna (native
speakers) .
Hope to see you all there April 25/07 .

Wasalam
Misan .

Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check out new cars at Yahoo! Autos. 






Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check out new cars at Yahoo! Autos. 



      
________________________________________________________ 
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! 
http://id.yahoo.com/

Kirim email ke