nambihan kang.

ayeuna mah jaman promosi sareng iklan. manawi ari aya nu ngiring ngintun
kencleng mah, diumumkeun, nu sanes narurutan. kanggo kasaean.

boh ku cara ngintun kencleng atanapi (ieu nu pentingna mah) sami2 ngiring
ngadamel pabukon di lembur asal masing2. teu kedah ngalangkungan yp.
carana nu urang tiasa, atawa ulah dijantenkeun hal nu hese-kedah
perpustakaan formal bin seurieus- tapi cekap dititipkeun di hiji bumi,
bumi sepuh nyalira oge tiasa malah sae pisan, sangkan barudak di lembur
eta, gaduh tempat kanggo maraca. sugan kapayun mah generasi US teh beuki
bengras, alatan ti leuleutik geus disampakeun bacaan. da ari animo mah
ageung pisan.

hatur nuhun

mj

http://geocities.com/mangjamal




Kirim email ke