Who? maneh? that's right brother.. heuheu..

tapi emang basa sunda nu raos diucap sareng didangu, cobi geura;

"Tilu nini sihir melongkeun kenob-kenob tina tilu arloji Swatch. Nini sihir nu 
mana nu keur nempokeun kenob arloji Swatch nu ruksak?"

Tah lamun dinggriskeun panginten siga kieu;
"Three witches watch switches from three Swatch watch. Which witch watch swicth 
from which Swatch watch was broken?"

Asa hararese dina letah urang mah...

Ah, ngalilieur maheh deui wae.. who? Maneh? no.. ngalilieur sorangan meureun 
nya..

Wassalam,
iwan



----- Original Message ----- 
From: Asep Hadiyana 
To: [email protected] 
Sent: Thursday, April 19, 2007 3:52 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Nini & Aki ti Englewood, New Jersey - USA ... Saha?


Leres kang, eta mah akang nu ngalilieur maneh. he he he.

Iwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
  Kahoyong mah ngiringan ilubiung di NECC, nanging da kumaha atuh tebih..

  Ngeunaan bahasa inggris teh aya sakedik pasualan ti abdi ngeunaan 'who'
  sareng 'what', geura;

  Naha 'Saha ngaran maneh' di inggriskeun jadi 'what is your name?'

  sedengkeun lamun 'who are you?' pasti jawabanana kana hal2 ngeunaan diri
  urang, lain ngaran. Misalna "I'm his friend", atawa "I'm a representative
  from our company", dll.
  Panginten hartosna "Ari maneh saha?", tapi keukeuh we pan ari di sunda mah
  dijawab ku ngaran.

  Atanapi memang anu leres kedahna 'naon ngaran maneh?' sanes 'saha'.. asa
  kagok geuning.
  janten nu rancu teh di basa inggris atawa basa sundana nya? da geuning di
  indonesia oge naros nami teh ku 'siapa' sanes 'apa'.

  Hapunten sateuacana, geuning kuring mah mung ngalilieur wungkul, atawa
  kuring sorangan nu ngalilieur maneh nya? heuheu..

  Wassalam,
  Iwan

  ----- Original Message -----
  From: AA misan
  To: [email protected]
  Sent: Thursday, April 19, 2007 2:47 PM
  Subject: [Urang Sunda] Nini & Aki ti Englewood, New Jersey - USA

  Assalamu'alaikum Wr Wb,
  Insyaallah Rebo payun (04/25/07 ?) NilemEnglishConversationClub
  bakal rame deui ku sumpingna nini sareng aki ti Englewood NJ nu
  saurna mah sasab di Bandung tos aya kana sa mingguna. Rupina mah
  teu aya lepatna upami NECC ngondang ieu dua Amrik nu nuju sasab
  ka Nilem 5/2A Bubat ti tabuh 10.oo AM dugi ka rengse, diteraskeun ku
  lunch-time di tempat nu sami. Malih simkuring parantos titip saur ka nu
  gaduh bumi (upami teu ka abotan kitu oge) pados nyayagikeun bubur
  lemu minangka kanggo 'cuci mulutna'. Peupeujeuh ti si aki jeung nini ka
  simkuring kedah nyayagikeun hayam nu hipu tak bertulang. Boneless
  chicken tea panginten nya ? Beu, tetela si aki-nini kolot ieu mah loba
  pamenta. Baraya Kusnet, yu urang 'mangpaatkeun' si Amrik kolot ieu,
  urang gali elmu basa Inggris-na. Insyaallah enjing jaganing pageto oge
  urang bakal tiasa cas-ces-cos dina basa Inggris jiga maranehna (native
  speakers) .
  Hope to see you all there April 25/07 .

  Wasalam
  Misan .

  Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
  Check out new cars at Yahoo! Autos. 






--------------------------------------------------------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check out new cars at Yahoo! Autos.  

Kirim email ke