Jalma Miskin
   
  Nu kumaha satemenna jalma miskin teh? Urang Baduy, sanajan imahna – cenah -- 
tina bilik, hateupna tina injuk, teu ngarasa miskin. Sabalikna, urang Toraja, 
mun can boga munding, sanajan imahna ngajegreng sagede Gedong Sate, kebonna 
ngembat ti Cisitu nepi ka Ciater, ngarasa can boga nanaon. Pon kitu deui urang 
Bajawa atawa Kelimutu, Flores, mun teu boga babi ngarasa jadi jalma miskin. 
Sawatara urang Kabantenan, Bekasi,  baheula, ngarasa can nanaon mun can ka 
Mekah atawa boga motor. Kajeun imahna teu dipelur-pelur acan ge.  
   
  Tetela ukuran miskin teu miskin teh, sipatna subyektif. Sewang-sewangan. Pon 
kitu deui beunghar heunteuna hiji jalma. Babaturan kuring ngarasa jadi jalma 
pangbeungharna sadunya alatan bisa ngiridit laptop. Antukna, ka mamana 
ijigimbrang ngagegembol laptop. Sabalikna, hiji juragan kembang di Cipanas, 
Cianjur, ngarasa merenah jeung tumaninah hirup sapopoe di saung butut titinggal 
ramana sanajan kebon kembangna hektaran, imah jeung apartemenna ngajengjreng di 
Kemang jeung Kebon Jeruk, Jakarta. Da eta kabeh, pajarkeun teh, kagungan Gusti. 
”Bapa mah ngan katitipan wungkul,” saur anjeunna, teuneung. Rada beda jeung 
Nyoman Nuarta, urang Bali nu bubuara jeung kurenan ka urang Bandung: ”Kalau dia 
belum punya pohon yang umurnya puluhan tahun, dia masih miskin,” ceuk manehna, 
sawatara taun ka tukang.
   
  Ku alatan sewang-sewangan ukurannana eta, meureun, Juragan Syaifullah Yusuf 
siga euweuh gawena. ”Kita tidak mau gegabah. Selama ini, kita terus melakukan 
riset. Data yang satu kita bandingkan dengan data yang lain,” ceuk salah sahiji 
stafna, bulan tukang. Maksudna, maranehna can wani prak ”gawe” alatan sieun 
salah ngawangun ”daerah tertinggal”.
   
  Satemenna, kaharti teu kaharti eta jawaban teh. Kahartina, Syaifullah 
saparakanca siga nu rek nawarkeun paradigma anyar, tapi heubeul, dina kahirupan 
materialisme kiwari: Ngaragap lelembutan (kahayang jeung kaperluan) rahayat 
saencan prak barang jieun. Beh dituna, ngukur kabagjaan atawa karaharjaan lain 
ngan saukur ku pakaya atawa nu sipatna materi. Tapi, oge ngawengku ajen inajen 
jeung hal-hal nu sipatna imateri. Itangible asset tea, meureun, paribasa nu 
kawilang keur in kiwari mah.
   
  Teu kahartina: Naha bener kitu? Boa-boa, ngan saukur alesan wungkul keur 
tunana karep jeung gawe. Sabab, nu kaharti ku kuring, matak aya Kementrian 
Daerah Tertinggal ge, nya kumaha supaya eta daerah teu ”tertinggal”. Asa piraku 
mun eta kamentrian tugasna ngaronjatkeun jeung ngamumule ”ketertinggalan” nu 
aya. Jeung deui: Di mana enya Juragan Syaifullah rek ngawawun ku cara nu 
”holistik” kitu, ku naon eta paningal teh teu diterapkeun dina pangwangunan nu 
leuwih lega? Maksud kuring, ku naon bet kamentriannana wungkul nu boga 
”filsafat” siga kitu teh? Naha teu leuwih hade Bappenas, PU, Depperindag – 
malah Depag – oge boga tangtungan siga kitu? Neuleu  (oge) sarupaning nu teu 
kadeuleu ku panon. Hehehe...
                                                  
  Ngacapruk nepi ka beh dinya teh, pedah bae tadi beurang panggih jeung 
babaturan di Setiabudi Building. Pasanggrok di lawang tempat dahar. Kuring rek 
ka luar, manehna asup. Bari teu weleh kumetap ningali kuring bisa ngabringkeun 
barudak pabeubeurang lain dina poean pere, manehna nyebutkeun karek 
nganggeuskeun hiji survai ngeunaan ”miskin”na karyawan di Jakarta. ”Bukan hanya 
yang gajinya Rp 3 juta. Yang Rp 10 juta pun merasa miskin,” ceuk manehna.
   
  Hanjakal, ngobrol teh teu bisa laju. Si bungsu teu weleh noelan. Hayang geura 
gura-giru ka toko buku. Atuh, sawatara patanyaan pating garantung: Karyawan 
siga kumaha satemenna nu jadi subyek eta survai? Sabaraha jalma? Persisna 
Jakarta beh mana nu disurvaina? Caricingna di mana? Sabaraha sungut nu jadi 
tanggungjawabna? Kumaha persisna patanyaan nu disodorkeun eta survai teh? Kabeh 
kapengpet, teu kaburu kedal. 
   
  Satemenna mah, siga nu disebutkeun ku eta batur, survai eta rek nembrakkeun 
kumaha mahalna kahirupan di Jakarta kiwari.  Eta bae, nu gajihna jauh luhureun 
UMR ge masih ngarasa miskin. Atawa, boa-boa, jumlah UMR eta nu geus teu luyu 
jeung kaayaan? Kukituna, mun tea mah UMR nu aya geus teu luyu jeung pangabutuh 
atawa kaayaan, sakumaha satemenna UMR nu pantes keur ukuran kota siga Jakarta? 
   
  Siga nu disebutkeun ku eta batur, ”merasa”, oge bubuka pangacaprukan ieu, 
miskin heunteuna hiji jalma leuwih mangrupa rarasaan atawa subyektif tea 
meureun. Pan di urang, di Sunda, aya paribasa ”saeutik mahi, loba nyesa”. 
Malah, beh dituna mah,  ”konsep” miskin teh lain pituin boga urang. Mun teu 
salah mah eta kecap teh tina basa Arab. (Hanjakal KBBI keur aya nu nginjeum, 
can diparulangkeun. Kuring teu bisa ngecek bener heunteuna sangkaan kuring 
ieu). Sabab, di urang mah, asana, konsepna lain ”miskin” atawa ”kaya”. Tapi, 
”cukup” jeung ”teu cukup”. ”Boga” jeung ”teu boga”. ”Aya” jeung ”teu aya”. 
Sanajan, keur nyebutkeun jalma nu walurat pisan, dibasakeunnana teh ”teu boga 
uyah-uyah acan”. Ari ieu, boga panghasilan nepi ka yutaan? Matak helok urang 
Malaya, nu nganggap duit urang sarua jeung duit maranehna.
   
  Enya. Tetela, kahirupan urang teh geus ”materialistis”. Ugeran hirup lain 
ditangtukeun ku ”cukup” jeung ”teu cukup”. Tapi, ku miskin atawa beunghar. 
Sanajan, dua babasaan nu beda eta teh aya pakaitna. Kukituna, panuhun ka elmu 
matematik jeung elmu statistika. Ku eta elmu alat, subyektfitas ngeunaan 
karaharjaan teh lain bae bisa dikuantifisir. Diangkakeun. Tapi, oge 
diobyektifkeun. Urang jadi boga ugeran, ukuran, atawa udagan nu leuwih 
kongkrit. Sanajan, sakapeung, sering oge nyasabkeun. Da, sagala diukur ku 
angka. Teu ngaragap hate. Teu neuleu  (oge) sarupaning nu teu kadeuleu ku 
panon. 
   
  Tapi, kitu ge, meureun...
   
  Salemba, 19 Agustus 2006
    
   



Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
       
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check outnew cars at Yahoo! Autos.

Kirim email ke