hehe. abdi ge ayeuna bade sakola deui nyobi2 daptar beasiswa BPPS. pedah
s2 kenging. tapi tiasa janten pedah kantos kenging, ayeuna mah moal. nya
kumaha milikna we. ngan diniatan mun BPPS teu kenging, moal kuliah. hehe.
tadina mah hoream ka luar teh. mun tiasa, abdi wungkul, teu kabayang
ninggalkeun barudak dua nu keur lucu2na. mun bisa kabawa, asa barabe,
gaduh. 4 taun jeung 6 bulan. rumasa alim riweuh da teu bisa ngombehan
orok. jadi ka cap gajah cindeten deui we. padahal tos aya pangbagea ti
profesor di uiah.fi, kantun toeflna dihadean, sareng milari bekelna. cenah
aya ti dikti, saratna kudu ditampi heula di kampus LN. ngan eta, abdi teh
seueur teuing vitamin H (horeams).

ari pendidikan di finland, tiasa dipilari di google, kang. siga
www.edu.fi, sigana kampus2 pendidikan oge aya di internet. da boroning
kampus, rute bis kota oge aya situsna. hehe.

aya situs cimo.fi, asana eta  situs lembaga nu masihan beasiswa. kapungkur
pendak sareng sababaraha dosen indonesia timur (mataram, palu, jayapura,
sareng jambi nu sakola s2 ekonomi di CBS, copenhagen business school) oge
aya nu ti IPB sareng unhas soal pertanian. cenah mah beasiswana ti ADB via
dikti, sapalih caritana aya di novel Louisiana Louisiana. heuheu. dasar
tukang ngarang jeung ngorong, sagala ditulis. hehe.

mj


    Posted by: "denysuwarja2k" [EMAIL PROTECTED] denysuwarja2k
    Date: Thu Apr 19, 2007 6:34 am ((PDT))

cing kang bagi2 alamat situsna atuh!
Uing hayang eung sakola S-2 haratis ka finlandia teh!
rumasa atuda, guru jiga uing mah hese meungan bea siswa.  REk meunang
kumaha, pagawean ngawalan wae kana kabijakan pamarentah hihihihi
(ceuk MJ teh bari ngorong!)

Deny




http://geocities.com/mangjamal




Kirim email ke