Sugan teh di dieu wungkul nu siga kitu, jigana mah sanagara meureun.. Babaturan kuring nu jadi pengawas kungsi ngalaman siga kitu, malah barudak teh ngerjakeun ujian ngan dibere waktu satengah jam, sesana 'TIM SUKSES' nu ngerjakeun. Eta ge lamun can beres, terus waktuna kudu geus dikumpulkeun ka diknas, pajarkeun teh: "kalo terlambat bilang aja tadi pecah ban di jalan, yang penting beresin dulu semua"
asa pikangewaeun, asa teu rela budak kuring kudu sakola di nagara ieu, tapi da kumaha deui ari ka nagara batur mah waduhh.. teu kiatt.. lamun dibalikkeun deui ka guruna, meureun ceuk maranehanana teh 'guru juga manusia', nu ahirna balik deui kana urusan 'kebutuhan dasar'.. enya, duit! teu guru, teu polisi, te pejabat, teu cacah-kuricakan, ari ngan saukur ngudag2 'physical & emotional happiness' mah angger we moal aya nu baleg. Dibere loba ge tetep we ngarasa kurang, tepi ka dunya pendidikan oge dijadikeun lahan bisnis. Geura pek we tanyakeun ka nu jadi guru, bisa dipastikeun (ampir) kabeh nganggep 'guru' teh pagawean, lain profesi, nu antukna pan ari pagawean mah tujuanana sangkan meunang 'duit', ari neangan duit bisa dipastikeun di indonesia mah moal cukup ku 'gajih', nu antukna sakola jadi 'lahan' keur jualan buku, les, jrrd. jadi panyakit kronis di urang lain di sistem, rek kumaha wae sistemna, ari nu ngajalankeun mangkeluk2 nu matre, nu salawasna ngudag2 materi jeung kapangkatan dunya, sistem naon wae moal pibalégeun ieuh.. nu kudu dibenerkeun mah mental-mental 'pagawe' di widang pendidikan kudu sing boga niat hade keur menerkeun bangsa.. pengabdian meureun bahasa legegna mah.. da ngomongkeun gajih mah pasti we ngomongna teh leutik jeung leutik, kurang we terus.. nu jelas mah beuki loba nu dipiboga pasti kalah beuki loba nu dipikahayang. geus ah.. kalah ngacapruk.. wassalam, iwan ----- Original Message ----- From: denysuwarja2k <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Thursday, April 19, 2007 7:58 PM Subject: [Urang Sunda] Re: Keur naon ari Ujian Nasional? Heuheuheu, ieuh.. Bisi harayang nyaho. Sabenerna mah UN teh bohong eta the.. Da anu sakanyaho uing mah anu ngerjakeun UN teh "tim sukses" nyaeta guru2 anu geus ditunjuk ku kepsek Ngerjakeun atawa ngeusian atawan menerkeun jawaban barudakna! Uing pernah ngalaporkeun ieu kacurangan, ngahaja indit sorangan ka Jakarta ka Diknas.. Ari pek kalah uing dicarekan!

