heuheu....tong pundungan atuh Kang pami lebet ka
Babakan Kusnet-mah, PD aja Lageee....hheheh da abdi ge
nuju nembe lebet ka dieu mung di sambut ku moderator,
kang ndoell sareng saha deuih teh...(punten hilap), di
maklumi wae mungkin karena banyak e-mail nu lebet ka
Kusnet ieu janten saru teu ka uninga meureun...hehhehe

sakantenan nepangkeun atuh ah abdi Lia aya di IPB
Darmaga Bogor.

Piss,
Lia



--- ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Rampes...Kang Asep..
> 
> Punten anu kasuhun, bilih Kang Asep rumaos aya
> diskriminasi.
> Dikotektak dina arsip, sihoreng harita aya Kang Iim,
> 
> salah sa-8 Kuncen anu harita mairan sareng
> ngabageakeun Kang Asep.
> * (mangga ditingali di handap)
> 
> Di Babakan Kusnet mah teu aya diskriminasi Kang,
> sumpahna oge.
> Boh ka PNS, ka pagawe swasta, ka mahasiswa, nepi ka
> tukang teuing.
> 
> Soal kurang dibageakeun mah, nuhunkeun dimaklum. Da
> di babakan mah, 
> puguh hampir sadayana oge salingkuh sareng
> padamelanana. 
> Jadi wayahna bilih harita seueur baraya boh kumncen,
> teu sempet 
> ngabageakeun Kang Asep.
> 
> Wilujeng Kang, mangga tong asa-asa, tong pundungan.
> diantos postinganana.
> 
> 
> -Dul-
> kuncen #8
> 
> 
> --- In urangsunda@yahoogroups.com, "arahid_76"
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > sampurasun. kuring mari maca email tentang PNS. ku
> kuring karasa 
> pisan
> > aya diskriminasi di babakan kusnet. kahiji kuring
> lalaki, kadua 
> kuring
> > pns, waktu kuring nganjang ka babakan kusnet teu
> aya nu
> > ngabageakeun.padahal anu daftar saenggeus kuring
> mah aya awewe
> > langsung pada ngabageakeun. kuring memang pns tapi
> tong
> > disakompetdaunkeun jeung pns lian. pagawean kuring
> sapopoe 
> nalungtik
> > perkara kabahasaan jeung kasastraan kaasup
> ngeunaan bahasa jeung
> > sastra sunda.rampes.
> >
> 
> 
> * Ieu pangbagea ti Kang Iim..
> 
> Re: [Urang Sunda] nepangkeun 
> rampeessssssss....!
> mangga kang Rahmat kalebet..., ke......ke....anu
> timana tea nya...? 
> sok geura ngawanohkeun heula atuh.., kawit timana,
> ayeuna nuju 
> dimana sareng pakasaban...(mun aya) hehehe.
> nepangkeun sim abdi Boim bin Iim kawit ti
> sumdang/bandung ayeuna 
> nuju bumen-bumen di dayeuh bandung....
> 
> cag...ah,
> 
> "kkbm'69"
> 
> On 3/14/07, asep rahmat <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> sampurasun
> wilujeng kenal ka sadaya baraya kusnet. wasta
> simkuring asep rahmat 
> sadidinten nyibuk-nyibukkeun anjeun janten padamel
> negeri di balai 
> bahasa bandung. simkuring teh nineung pisan kana
> perkawis kasundaan. 
> ka sadaya wargi kusnet manawi kersa masihan
> informasi perkawis acara-
> acara atanapi diskusi kasundaan. cag.
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke