Teh Roro,

Dupi STV teh naon?

Katarik oge tah ku tema si Kabayan. Mangga atuh pedar ku teh roro sareng para 
wargi sanesna.

Salamna,

Asep

Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                     
 Ke..ke…ubral obrol perkawis si Kabayan….aya nu bade  ditaroskeun…
 Abdi teh  nembe tamat maos buku “Si Kabayan Nongol di Zaman Jepang" karangan 
Achdiat K.  Mihardja urang Cibatu Garut tea ningan…
  
 Hanjakal  buku ieu teh basana nganggo basa Indonesia, anjeuna ge nyebatkeun 
pami buku eta  nganggo basa Sunda pasti bodor pisan. Dina buku ieu si Kabayan 
teh rada benten  ti si Kabayan nu biasana. Sakaterang abdi si Kabayan (biasana 
dilakonkeun ku  Kang Ibing atanapi Didi Petet) teh jalma ngedul kabina-bina, 
gawena sare bari  teu tinggaleun ti ngorowek liang ceuli ku bulu hayam. 
  
 Nyi  iteung istrina, wanoja polos nu bogoh tur nyaah ka si Kabayan. Dina buku 
Ki  Achdiat mah Nyi Iteung teh digambarkeun randa moleuh nu sok ngagebugan si  
Kabayan, beuki harta & jabatan. Mitoha si Kabayan nu biasana aya dua nyaeta  
Abah & Ambu, pami dina buku Ki Achdiat mah mung Abah wungkul alias tos  janten 
duda.
  
 Hiji  deui, dina STV aya “Kabayan Nyintreuk” tah Kabayan nu ieu mah nyaan 
pinter, boh  dina nyarios boh dina ngagambar komo dina nyintreukan nu teu 
bareres mah…abong  dosen ITB. Hartosna pan tebih ti gambaran si Kabayan nu 
ngedul, pikasebeleun,  hayang katangar, srrd.
  
 Sanaos Ki  Achdiat parantos medarkeun yen dongeng si Kabayan teh kalebet 
sastra lisan, tapi  abdi masih keneh panasaran, margi si Kabayan teh tos janten 
“mascot urang  Sunda”, tah baraya manawi aya nu terang kumaha “standarisasi” 
jalmi nu kaci  disebat si Kabayan... Jalmi nu sok ngangge acuk pangsi, kopeahna 
dibalikkeun  bari nyolendangkeun sarung?...atanapi kumaha?...
  
 Nuhun,
 ro2
  

  
 >>> [EMAIL PROTECTED] 04/19/07 04:37PM  >>>

 Ha ha ha. Pas pisan kang. Kabayan.

kumincir  <[EMAIL PROTECTED]> wrote:  
      Lamun disundakeun, ngaranna ganti jadi    Kabayan.


   On 4/19/07, The metZ <[EMAIL PROTECTED]>    wrote: .

 
     
                       

       
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check outnew cars at Yahoo! Autos.

Kirim email ke