duhh.. irung meni asa bareuh disebat pakar ku ceu leli.. boro2 pakar ceu.. leptop oge mung ngangge pentium2 + win98, kantos nyobian linux meni beurat pisan lumpatna, teras nganggo XP jaba beurat teh hayoh wae kanyahoan meunang nyolong.. mending ieu we win98 bawaanana.. halal deuih..
perkawis GLUZ (sanes gluzz), ieu program teh biasa disebut 'peer2peer' (CMIIW/BKLS), nyeta salian ti eceu tiasa nga-dl lagu, euceu ge tiasa masihan lagu dina pc eceu ka sarerea (hususna nu sami2 nganggo gluz), janten ati2 nya ceu.. Sanaos kitu, ieu teu ngaruh nanaon kana Firefox boh Internet Explorer, atanapi browser sanesna. Panginten konpigurasi sambungan internet di KL nganggo 'proxy' nu di-set dina firefox-na, cobi ditingal Tools-Options-Connection Setting, kedahna anu dipilih 'Direct connection to Internet' (asumsi abdi pami ceu leli nganggo gluz, jigana teu nganggo proxy, sareng pasti ngangge Windows, sanes Mac,BSD, atanapi Linux). Ari kuring mah ngunduh lagu ti internet cukup milari di mamang gugel wae.. teu ngangge program nanaon.. cobi geura di google pilari kieu: "intitle:index.of" mp3 <judul_laguna> insya Alloh aya nu dipilarian teh.. Sakitu heula ceu.. mudah2an pidu'a ceu leli diijabah, yen abdi janten pakar IT.. amin.. wassalam, iwan ----- Original Message ----- From: leli nurleli To: [email protected] Sent: Friday, April 20, 2007 4:16 PM Subject: [Urang Sunda] tumaros ka iwan.....atanapi nu terang we lah... ass.wr wb punten ah kang iwan bade naroskeun (jigana kang iwan teh pakar IT...) abdi linggih di midl east,..abdi teh nembe 4 sasih ngalih ti KL..waktos di kuala lumpur laptop abdi aya mozilla firefox....na teras abdi tos nga dl GLUZZ...(paranti ngadl sagala rupi lagu2...) tah sejak ngalih ka dieu..naha dua fasilitas diluhur teh teu tiasa dianggo...kunaon eta teh nya...?...(maklum caroge sibuk janten abdi kedah ngutak ngutik ngalira...) sareng upami terang selain GLUZZ...naon nya anu tiasa ningali sareng nga dl lagu2....(maklum pengangguran.....gaptek) hatur nuhun ceu leli, Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell? Check out new cars at Yahoo! Autos.

