Abdi mah kapungkur kantos chatting sareng teteh ... upami teu lepat mah
waktos sasih siam taun kamari ...Upami hilap keneh wae mah emut we anu pang
kasepna ... tah eta sanes abdi ... hehehehe

On 4/20/07, indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

   Haturan kang Budyana.........Alhamdullilah teteh  sakinten ayeuna
mah,kumaha sawalerna...?, Teu hilap atuh kang..! kang Budyana......bari
poho...nu mana tea....he he

Leres, sanes pakepuk deui, da salami 3 dinten UN, sakola teteh di rempug
ku tamu .Dinten kahiji aya 3 kelompok TPI, Tim Pemantau Independen Jakarta,
propinsi, sareng kota Surabaya, ditambih wartawan aya dua serat kabar,
dinten ka dua pengawas ti propinsi, dinten katilu anggota DPRD dugi ka
anggota DPR RI, lengkap lah sudah.....kedatangan para tamu teu diundang,
dugi ka ambruk si teteh, kacapean......

Mudah-mudahan wae barudak teh lalulus, kumaha teu geumpeur...eta nggota
DPRD teh teu aya tatakrama jeung aturan laha-loho jeung asup ka ruang ujian
padahal saha oge teu menang asup.....tuh, saha anu ngalanggar aturan....tapi
bae, manehna anu kuasa.....

Ke janten panasaran, kang Budy teh dumuk dimananya..? muhun urang mah
tepang teh di dunia maya, naonnya sundana..?

Cag...ah

ipeut


*Budyana Yogaswara <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:

Bagea Teh... lami teu patepang (najan mung dina internet  ... hehehe) ..
kumaha teh damang? mudah-mudahan emut keneh ka abdi  ...

Sigana bener-bener pakepuk nya pas bade UN mah sok lah sing lalulus
sadayan muridna teteh mah :)

Salam,
Budyana



>
>


Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com




Kirim email ke