alah siah sugan teh kuring lalaki. horeng cawene geuning ... bongan karesep
ka beklen, congkak, ngadu karet jeung sondah teh...

kang emod, enya kitu kuring teh lalaki?

haha,
dh
ps (nu ieu mah seurieus): nuhun kang jadi inget keur leutik. ngan geuning
loba nu teu apalna ;(. jeung nambah saeutik.

19. boy-boyan.

pakakasna: bal, popotongan eh sesemplekan kenteng. jeung jalema sababraha
urang dibagi dua grup.
maenna mah ukur nangtungkeun deui tumpukan semplek kenteng. nu rubuh balas
ditinggang ku bal. lamun geus beres terus ngagorowok: BOY!! matakan eta
disebut boy-boyan.. tapi kudu iatna, taki-taki sangkan teu kabaledog bal ku
musuh.

ps2:susahnya ari ngajelaskeun ;))

On 4/23/07, Ahmad Toha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Cing atuh sugan kaanggo :

1. Gatrik ( 2 awi, panjang jeung pondok, nu panjang keur paneunggeul )
2. Dogong ( Pacekel-cekel tak-tak, terus silih surung)
3. Sorodot Gaplok ( Make batu, dikalangan )
4. Rerebonan ( udag-udagan silih tewak )
5. Sondah ( kaulinan cawene )
6. Congkak ( kaulinan cawene, make kewuk)
7. Beklen ( kaulina cawene, make kewuk jeug ball)
8. Kasti ( paneunggeul jeung ball )
9.Paciwit-ciwit lutung ( silih ciwit leungeun )
10.Galah ( silih udag, make kalang )
11.Galah Jidar ( pajauh-jauh ngajleng, dipindah-pindah jidarna)
12.Kutik ( kaulinan cawene, ngadu karet geulang )
13.Kobak ( kaulinan cawene, ngadu karet )
14.Poces ( kaulinan lalaki, ngadu kaleci )
15.Ucing Sumput ( nu jadi ucing neangan )
16. Ucing-ucingan ( nu jadi ucing ngudag-ngudag )
17. Ucing-ucingan ( ucing reuneuh.......ha....ha....ha.... )
18. Ucing-ucingan, Ucing mawat bulu tilu, ulin-ulinan Ma Uwat huntuna
tilu......horr...

Tos sakitu heula, perkawis cara maenkeunna ke urang emut-emut heula......!

Emod,




--
dh
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

Kirim email ke