Henteu upami deui, da memang ieu cara tos & masih dianggo dina seueur panalungtikan di sakuliah dunya. Misalna bae, National Geographic ngadamel proyek Genographic. Atanapi masarakat panalungtikan Asia Pasifik ngadamel proyek Pan Asian SNiPs (asa lepat, hilap deui), anu sacara masal ngempelkeun data genetik ti rupa2 populasi masarakat Asia, anu engkena bade diolah nganggo elmu statistik. Tina hasil panalungtikan eta, dipiharep bakal ngahasilkeun gambaran, boh tangkal pilogenetik atawa nu sanesna, nu tiasa ngawakilan kaayaan nu saleresna ngeunaan pancakaki eta rupi2 bangsa, kalebet nu di Indonesia. Mung, anu katewak ku abdi, bangsa panalungtikan populasi teh leuwih kairut ku masarakat2 alit model di kapuloan Sunda Alit anu boh basa atawa budayana masih katempo jujutanana. Perkawis genetik urang Banyumas, Brebes, atanapi masarakat2 di wewengkon wates anu rentan pisan campur, biasana nu kitu mah disingkahan, sabab justru bakal ngalilieur. heuheu... Ongkoh deuih, kapan tina sajarah ge sugan tiasa keneh kasusud yen si anu mah turunan mana, yen si eta mah turunan mana. Misalna bae, sok Kang Asep ngajujut nyalira, tilu generasi ka luhur teh urang mana? Upami yakin sadayana ngandung getih Sunda, nembe tiasa diaku yen salira teh urang Sunda (sacara genetik, bentenkeun sareng budaya).
Panalungtikan ieu panginten henteu patos tiasa ngahasilkeun gambaran anu jinek, margi biasana genetik itu jeung ieu teh sok aya bae samina, najan di sabagian aya nu benten. Paling henteu, tina data2 eta urang tiasa miharep kumaha gundukanana eta rupa2 populasi teh, boh internal di Indonesia, misalna, atawa sacara gembleng di satatar Asia-Pasifik. Meureun... heuheu... On 4/20/07, Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sateuacan maca referensi eta, katambih gado ngagayot, aya patarosan, kumaha nya upami metoda pengujian DNA dianggo nalungtik "kedekatan" sahiji suku bangsa di endonesia sareng suku bangsa sanesna? Upamina wae saha anu langkung caket "kekerabatanna" ka urang Sunda? Naha urang Lampung, urang Kutai atanapi urang Jawa? Mungkin henteu nya, kang?
-- sikandar kumincir.blogspot.com

