Innalillahi Wa Innaillaihi Raajiun, parantos mulih ka Rahmatulloh guru sareng 
pembimbing ka-1 aki tams waktos di Pascasarjana Program Kependudukan UI (1993); 
Ngantunkeun ping 21April 2007 tabuh 23.15 kalawan parantos dikurebkeun di 
Rawamangun. Aki tams kenging wartos ti Dr. Evi Nurvidya Arifin sareng (Prof. 
Dr. Aris Ananta, Msc, Mst. pembimbing ka-2) anu aranjeuna nuju mancen tugas di 
Institute of Southeast Asian Studies Singapura. Ieu wartos teh tatalepa janten 
rada telat, sareng pareumeun obor deuih, hoyong ngintun sms ngiring duka cita 
oge lebeng milari no HP almarhumah atanapi keluargana teu tiasa. Mudah2an ka 
baraya sadayana neda nyuhunkeun bantosan anu kaleresan uninga, khususna ka ayi 
MRachmat Rawyani dosen UI, hatur nuhun sateuacanna. Muga2 Almarhumah dihapunten 
sagala rupi kalepatanana, sareng ditampi Iman Islamna ku Gusti Alloh SWT, 
aamien. Baktosna aki tams. 

MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:          Alhamdulillah teh, di 
Depok mah nuju "aman-aman" wae.
Tapi ketang aya sababaraha dosen UI anu janten
pengawas independen UN, ngalongakan UN di
sakola-sakola SMU.

Sabada nitenan seratan di Kang Boim, Kang Maman
Gantra, Kang Gunawan, Teh Ipeut, sareng baraua KUSnet
sanesna, kacindekan kuring mah sadayana meredih
supados HBH anu bade dongkap teh aya
probihan/kamajengan tinu atos-atos. Perobihan mana anu
bade dilaksanakeun ku panata calagra, eta gumantung
kana sikon wae. Anu penting mah, saur Juragan Rhenald
Kasali dina Bukuna "change!", aya parobihan, anu tiasa
janten tanda ayana kamajengan.
Atuh kahoyong teh Ipeut pelesiran, mangga
diakomodasikeun wae.

janten emut upami aya seminar/simposium internasional.
Biasana pan panicia ngadamel agenda acara dinten
kahiji naon, dinten kadua naon, aya opening
seremonial, diteraskeun sareng Dinner sareng pejabat.
Tos kitu biasana dina dinten pangahirna, aya pilihan
acara pelesir kaditu kadieu. Teu aya awonna upami 
panata calagra HBH oge ngadamel agenda sapertos kitu.
Engke para peserta dipasihan pilihan bade ngiringan
acara nu mana. Tah didieu peryogina timwork sareng
network tea. Atuh HBH oge janten hiji pelatihan kanggo
urang sadaya, kumaha ngaorganisir hiji acara, engke
tiasa katingali kualitas sareng spesialisasi
kaprigelan baraya KUSnet. Sapertos ayeuna anu tos
jelas, kang Ndoell tos teruji sabage ahli wawar sareng
wara-wiri alias angkag-ingkig, Teh Imas ahlina dina
nyayogikeun katuangan sareng nyimpen cicis, ssjb. Ari
kuring mah panginten mung tiasa janten purah tukang
"surat-sorot" vidoi (eta oge lamun diidinan ku pun
bojo, margi masih gaduh 2 gemboleun anu kedah diasuh
ku kuring).

baktos,

mrachmatrawyani

--- indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Waalaikumsalam Wr. Wb.
> 
> Haturan Kang Im, Kang Yani, kang Gunawan
> akang-akang anu sanesna kum wae sadayana......kumaha
> daramanng..?, nuhun daramang mah...
> Nembe ngelol deui yeuh ka lembur bakus teh, sanes
> kirang sono ,manawi sim kuring nuju pakeupuk ku "UN"
> tea....mani pak-pik-pek hajat UN teh.., jika anu
> enya.....tapi lumayan aya perobihan. 
> 
> Tos dikawitan padungdeng HBH, sim kuring sapagodos
> sareng pamendak kang Yani sareng kang Im, ide kang
> Yani mangga geura dikawitan, sangkan HBH teh aya
> hasilna.
> 
> Si teteh ge boga usul, kumaha upami HBH teh, urang
> bari pelesiran ka tempat-tempat sajarah kasundaan
> sanes sabudereun jawa barat aya sajarahna..? 
> HBH teh ulah ukur acara seremonial, bari jeung
> hasilna naon..? sajabi pelesiran teh urang bari
> ngabagikeun sembako tea, atanapi babagi naon wae anu
> manfaat keur masarakat miskin janten idena kang Im
> kacancak ka hayang si teteh kalakon.....he he, sok
> geura resep, si teteh jauh-jauh ge rek ngahajakeun
> ngiring, kitu tah.....baraya.
> 
> 
> Sakitu heula, mangga....
> 
> baktos
> ipeut 
> 

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


         

       
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check outnew cars at Yahoo! Autos.

Kirim email ke