Sapuk sareng kang Nandar, saena mah aya cabang di Bogor. Ayana english 
conversation club sae pisan.


Namung, upami, di wewengkon kang henteu aya atanapi tebih ti klab sajinis, 
saleresna kanggo samentawis mah tiasa diupayakeun ngabentuk nyalira. Upamina 
wae, di lingkungan damel, tiasa ngajak rencang anu gaduh minat sami, upami 
masih sakola, nya di sakola atanapi paguron luhur.


Sajabi ti english conversation anu didamel ku bapa AA Misan, aya contoh sanes 
upamina wae Cozy Corner English Conversation Club Bandung. Kanggo sharing info, 
kapungkur saurna aya mahasiswa ITB, henteu terang namina, juruan mesin cenah 
mah (angkatan 70 panginten) nyobian ngumpulkeun rencang kanggo ngabentuk klab 
sapertos kitu. Lami-lami eta klab ngaageungan, anggotana tambih seueur dugi ka 
70 puluhan, aya anu ti ITB, ti Unpad, ssjbn; eta klab dinamian Cozy Corner 
English Conversation Club (CCECC). Klab eta dijalankan “dari anggota oleh 
anggota dan untuk anggota”. Waktos simkuring gabung kelebet klab, taun 1990, 
markasna aya di Jl. Caladi, teras ngalih sababaraha kali dugi ahirna taun 1995 
markasna di Gelanggan Generasi Muda Bandung gumantung kana ageung-alitna uang 
kas.


  Metoda ngabakona, kumargi seueur anggotana, tiap acara ngabako, anggota 
dibagi sababaraha kolompok kanggo ngadiskusikeun tema anu paling panas. 
Kadang-kadang aya acara listening comprehensive ku cara ngupingkeun sahiji lagu 
sareng keretas anu ngandung sabagian rumpakana mung teu lengkep teras anggota 
dipiwarang ngalengkepan rumpakana. Saatos eta tema anu dina lagu didiskusikeun.


    Cara sapertos kitu tiasa ditiron ku para nonoman Sunda di sakuliah 
Pasundan, ti Merak dugi ka Ciamis. Mudah-mudahan ku cara kitu, urang Sunda 
tiasa langkung ningkat kualitasna dina ngawasa elmu. Kumargi ayeuna seueurna 
referensi teh ditulisna dina basa Inggris.


Salamna,
Asep 

  

Nandar Robbyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  
meuni kabita tiasa diajar bahasa Inggris, haratis deuih, kumaha atuh upami muka 
cabang di Bogor?

AA misan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:  
    Baraya Kusnet,

Acara/program di NilemEnglishConversationClub mung
'ngawadul' atanapi 'ngadubako' ku basa Inggris. 
Teu aya tatabahasa (grammar) . Tatabahasa mah
mangga we diajar ku nyalira di bumi.
Topikna nya rupi-rupi, gumantung kana hot  news nu harita
dipidangkeun dina surat kabar  (PR Kompas the Jakarta Post).
Topik minggu kamari ngeunaan IPDN plus kasundaan ti Ua As
(Hatur nuhun Wa Sas). Jumaah kamari ngeunaan Saritem plus
Outing nu insyaallah bakal diayakeun di Dago - Bdg .
Dear Baraya, come and join the NECC. No Charge .
Love to see you there .

Wasalam
Misan .
    
---------------------------------
  Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check out new cars at Yahoo! Autos.   




           

---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check out new cars at Yahoo! Autos. 
     
                       

       
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check outnew cars at Yahoo! Autos.

Kirim email ke