ha ha ha 20x. Aya deui dongeng sanesna?
syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Lutung Kasarung
"Neng!"
"Kah!"
"Ari ayeuna tos tabuh sabaraha, meni tos nyilingit tiris kieu?"
"Tos ampir satengah tilu A, tos ngahaeub ka janari!"
"Euleuh teu karaos nya, apel ti bada isya ayeuna tos bade subuh deui!"
"Muhun A, teu karaos oge panginten nya, eta panangan Aa luar leor kamana
mendi. Abdi mah teu kiat ku getekna A!"
"Har geuning getek, pan leungeun Aa mah teu aya kumisan!"
"Enya panangan mah teu aya kumisan, tapi eta kumis Aa meus meus gep meus meus
gep ka pipi abdi!"
"Sstt tong seueur saur bilih kadangueun ku cakcak bodas. Eh sanes Neng! Teu
tisasarina si abah teu setreng teuing ayeuna mah, pan biasana mah pami teu
ngamplopan teh, tos teng jam salapan, teu menta ampun deui langsung ngabuburak
titah mulang, tapi ayeuna mah henteu!"
"Tong lepat A. Apan ku eneng ditalangan heula, da abdi ge apal atuh malem
minggu ayeuna mah pan nuju tanggung bulan, Sanes?"
"Hmm...kayungyun si eneng mah keur geulis teh pengertian deuih. Payus pisan
janten sandaran hate Aa!"
"Sandaran hate? Eta mah letto atuh A. Aa terang letto?"
"Ih puguh we atuh da eta mah kasedep Aa. Pan di warung bi Icih ge aya, nu
sabungkusna opat rebu tea, sanes?"
"Ih eta mah lotek atuh A!"
"Neng?"
"Kah!"
"Kadieu atuh rada caketan calikna!"
"Ih si Aa mah sok limpeuran apan ieu ge tos aya dipangkonan si Aa!"
"Aeh muhun nya, paingan atuh ayeuna mah tos teu karaos tiris deui!"
"A..Eneng aya picarioseun, kenging teu Eneng naros?"
"Tong boro ditaros, digalentor ge Aa mah rido, Neng!"
"Kieu geura, pan hubungan urang teh tos lami, bayangkeun jadian tijaman orde
baru ayeuna tos jaman repormasi, tapi diantos antos teh teu aya sinyal bade
narosan ka si abah!"
"Sabar atuh Neng, panginten sakedap deui!"
"Sakedap deui iraha? Abdi mah alim pami diwaler bulan mei mah!"
"Har naha kitu?"
"Bilih waleranana may be yes, may be no, sapertos dina iklan!"
"Moal atuh Neng, paling oge ough yes, ough no!"
"Euleuh ngadangu kecap eta, sora abdi janten haroshos sapertos entog tas lari
sprin, sareng jantung abdi ngadadak dagdigdug tutunggulan!"
"Har geuning tiasa kitu?"
"Muhun A, ari ras kadinya sok emut ka mang lebe!"
"Maksud Neng, hoyong ough yes ough no sareng mang lebe kitu?"
"Tuh nya si Aa mah sok lepat hartos wae, maksad teh hoyong geura ka mang lebe
soteh, supados geura enggal dirapalan!"
"Oh manawi teh. Teras pami tos dirapalan?"
"Teu langkung si Aa, bade ough ough yes-an mangga, ough ough no-an teu
langkung!"
"Neng!"
"Naon deui A?"
"Eta sora si pelung putri diuk deui, putri diuk deui ngaganggu konsentrasi
wae nya, boa sakedap deui bade subuh nya Neng!"
"Sumuhun, sareng biasana mah sakedap deui si abah oge gugah, teras
ngalangkung kadieu bade netepan!"
"Halah teras kumaha atuh bisa katohian...mangkaning teu sasadian amplop
pisan!"
"Ih sok belet si Aa mah, apan nyandak sarung sanes, mun si abah ngalangkung
kadieu, lebet we kana sarung, tos dilebet mah ke ku abdi diatur!"
"Ehem....ehem....ehem....!"
"Tuhnya nembe nyarios si abah tos kadangu dedehem, enggalan ka lebet sarung
A!"
"Euisss....Euiiiisss...dimana nya si Euis teh, diteang dijobongna suwung ?"
"Ieu abah abdi mah di pengker, kadieu wae peryogi mah!"
"Euleuh...geuning bet aya diluhureun paranje, nya gawe naon?"
"Puguh abah, nuju maturan si pelung, resep ku sorana!"
"Ke...ke..ke..lain aambeuan abah wae kitu ieu teh, asa bau sakadang lutung?"
"Teu ngabibisani abah, leres pisan bau lutung, malihan apan lutungna ge tos
aya dilebet sarung. Bongan lutung ieu mah lutung cunihin wantun lukutak
leketek ka Euis!"
"Baruk! Kabeneran atuh Euis, geus lila abah teh hayang pais lutung, isukan
langsung we asakan nya!"
"Sumangga atuh Abah, sapalih urang dengdeng, pelem geura!"
SR
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check outnew cars at Yahoo! Autos.