3-4 taun katukang, kuring kungsi datang ka rancamaya, tepatna di badigul, tempat ieu mangrupi situs peninggalan sejarah, ngan hanjakal dina jaman suharto disulap jadi lapangan golf, malihan kontaktorna oge cenah mah urang cendana, nalika pembebasan tanah dina sameter ngan digentos rp 75 (teu make o deui), kuring kantos posting ngenaan hal ieu ka kusnet, tragis (teuing basa sundana) hiji raja sunda nu gede jasana keur sunda jeung Indonesia, teu dihargaan pisan ku turunanana, ieu postingna aya keneh mugia tiasa mangpaat :
Basa keur pere 2 dinten kamari (2-3 mar 2003), sim kuring angkat ka Bogor maksadna mah rek nepangan sepuh abdi (da tos sono pisan, kumargi lami teu tepang), dina satengahing jalan ras inget ka Rancamaya da sanajan urang Bogor asli sim kuring can pernah ka ditu (rumaos kurung batok). Atuh sabada dugi ka terminal Baranang Siang sim kuring langsung bae ka Rancamaya, da asa ku panasaran hoyong terang nu namina Rancamaya. Ti Terminal Beus ka Rancamaya waktuna kirang-langkung 45 menit, dugi ka Rancamaya seueur kadu (duren), malih kaduna teh ageng pisan, sugan teh kadu Bangkok tapi saur urang dinya mah ieu teh asli produk Rancamaya, matak pikabitaeun ningalina. Lajeng sim kuring ngobrol jeung urang dinya naroskeun situs Rancamaya (Badigul) tea, tapi seueur (komo budak ngora na mah) nu tos teu terang kana eta situs teh (ironis pisan), seueur oge nu terang kana eta situs teh nanging barang rek nerangkeun eta situs teh, katingali ku kuring teh eta jalmi asa rek rembay cipanon, saurna teh kieu eta situs teh tos teu aya tos diancurkeun basa ngadamel real estate jeung lapangan golf. Tah dina keur rame-ramena kasus Rancamaya, aya kajadian nu teu diekspose basa harita, nyaeta seueur kasus pelanggaran HAM (aksi teror) ka warga Rancamaya contona basa pembebasan tanah ku pihak developer ngan dihargaan 75 perak (teu make 0 deui) dina sameterna jeung nu pasti bari maksa tea, nu kadua aya teror ka warga Rancamaya numana teror ieu dilakukeun nganggo kekerasan, malihan aya Pak Haji nu pananganna buntung lantaran dikadek ku jalmi-jalmi titahan developer (kumargi pak Haji teh paling pokal mertahankeun situs Rancamaya), lain pak Haji bae nu janten korban, aya kana puluhan (panginten ratusan) nu jiga kitu malihan aya oge nu dipaehan (tapi disumputkeun). Saha nu boga eta proyek teh ?, teu salah deui urang indra rukmana carogena tutut anakna soeharto nu boga eta proyek teh, ironisna indra rukmana teh urang sunda pan, malihan pimpro na oge urang bogor namina cecep (tos maot). Tah Ki Dulur ayeuna aya sababaraha kasus nu diangkat contona TanJung Priok, Semanggi, 27 Juli jrrd, naha kasus Rancamaya perlu teu diangkat deui ka komnas HAM ?, tapi mun rek diangkat deui kumargi Rancamaya teh seuuer na mah urang kampung nu pendidikanna kirang (punten... sanes sim kuring ngahinakeun aranjeuna...), asa teu mungkin ngalakonan nyalira. Real estate rancamaya teh kawilang teu payu kumargi seueur bumi nu ditinggalkeun ku penghuni na, seueer na mah urang bule nu aya didinya (eta oge keur tempat istirahat wungkul), Balik deui ka perjalanan sim kuring, sabada ngobrol jeung warga kuring ngajugjug ka tilas situs rancamaya (badigul), di dinya ngan aya lapangan kosong nu saliwatan mah kawas nu teu dipirosea, teu aya nanaon komo situs mah (teu diwangun gedong atanapi lap golf). Basa dugi ka eta tempat kaleresan hujan (tapi teu ageung), aya perasaan sedih sedih barang dugi ka eta tempat, kuring teu lami di dinya, sarensena clak naek angkot tuluy ngajugjug ka rorompok sepuh. Tah ayeuna tos jaman reformasi, TERLEPAS DARI AKSI BALAS DENDAM, naha perlu teu Situs Rancamaya DIKEMBALIKAN KEPADA ASALNYA (sanajan petilasanna tos teu aya)? --- Nandar Robbyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > nuhun kang Kumi, rada eces ayeuna mah geuning, lamun > ayana di komplek Rancamaya, naha masih keneh aya > tetenggerna? mun aya rek neang ah..... > > nuhun > > yayan-Bogor __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com

