> Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kang Etom Ethom: keun bae nu penting mah bineka tunggal ika > jeung 
> urang Sunda sabilulungan, sauyunan.

Slogan "Bhineka Tunggal Ika" teh mirip jeung slogan Nagara Amerika 
Serikat "Unity In Diversity" (koreksi lamun kuring salah). Kitu deui 
lambang nagara papada sarua Manuk Heulang. Duka saha nurutan saha, 
ngan nu jelas Amerika Serikat leuwih kolot tinimbang Indonesia. Tapi 
Lamun founding father Indonesia nu nurutan Amerika, sabenerna mah teu 
masalah, sabab niru acan tangtu goreng.

Ngan .... lamun niru bin nurutan, kekecapan "Bhineka Tunggal Ika" teh 
kaasup anyar, lain kecap heubeul nu geus aya ti baheula keneh, sanajan 
ieu kecap make basa kuno (teu apal naha Jawa Kuno atawa Sansekerta). 
Tah kulantaran make basa kuno ieu, kadang-kadang bangsa urang 
(Indonesia maksud teh), ngarasa bangsa nu kolot pisan, ngaleuwihan 
kakolotan bangsa-bangsa sejen. Padahal nu kolot teh etnikna : Sunda, 
Jawa, Bali ...jst, lain Indonesiana. Naha di antara etnik-etnik ieu 
aya kekecapan  jeung wawuh kana " Bhineka Tunggal Ika?" ....ah nya 
duka teuing.

Bhineka Tunggal Ika hartina ngahargaan teu kasaruaan (teu saragam). 
Tapi dina praktekna malah sagalana kudu saragam. Tempo we dina 
Pelajaran Sajarah di Sakola, nu diajarkeun teh saragam sakuliah 
Indonesia. Padahal naon hartina Pangeran Diponegoro keur urang Papua 
jeung urang Ambon? atawa Imam Bonjol keur urang Sunda?.

Akibatna loba urang Indonesia teu apal sajarah daerahna sorangan. Teu 
apal kana sajarah bisa ngakibatkeun kareueus oge leungit. Kareueus 
leungit gede akibatna sabab bisa keleungitan identitas nu bakal  
gampang pisan kapangaruhan ku budaya luar. Matak teu aneh lamun Urang 
Indonesia loba nu tuturut munding nurutan budaya batur. Mending lamun 
anu alusna, lamun nu gorengna?

Cag ah ...sakieu ngacapruksna hehehehehe

Baktos,
WALUYA





 
  



    





Kirim email ke