Keur budak, taun 70-an, kupat tahu pangkahotna mah nya Mang Ucup atanapi Si Pongek. Tempatna di Oto Iskandar, tos bade caket ka Jl.Pungkur. Pedo audzubillah. Bungbu kacangna ngaminyak. Tahuna tahu Bandung tulen, togena baleuneur, kupatna oge cakial.
Saking panatikna, sim kuring kungsi boga jargon: Mang Ucup atau Mati! (Heureuy ieu mah). Ayeuna duka tah, masih aya atanapi heunteu. Mung, sawatara waktos kapengker, dua lebaran kapungkur asana, sim kuring kantos ngadon sasarap di Jl,Pasundan, nu notog ti ti Sasakgantung ka luhurkeun. Menuna, nya kupat tahu. Alhamdulillah, ningali Bandung teh asa bengras. Duka memang eta kupat tahu teh memang okeh, duka pedah memang keur lapar bari hawa Bandung keur kayungyun -- ibun nyingray ku panonpoe. Duka pedah rada gede pangharepan: Urut kabogoh ujug-ujug kaluar ti bumina. Tapi, sigana mah kupatna memang raos. Ngaleueutna ge ci enteh hejo. Ti Taraju, saur nu ngicalna mah. Baktos, Pun Maman --- In [email protected], sofyan iskandar <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Ngiring euyeub kana per-kupatahuan, bari nepangkeun pun Sofyan ti Raflesia. Upami seepeun di Gempol, cobian di bypass peuntaseun superindo metro. Nganggo bumbu kacang anu tos jadi, dikucurkeun kana kupat anu ditahuan, ditogean, sareng kurupuk. Haransi, mangunreja. > > Baktos > Sofyan > >

