*Dalima* (*Punica granatum*) ngarupakeun tangkal<http://su.wikipedia.org/wiki/Tangkal>leutik nu jangkungna 'ukur' 5–8 m, asalna ti wewengkon Iran <http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Iran&action=edit> nepi ka Himalaya di India <http://su.wikipedia.org/wiki/India> kalér, tapi geus dipelak di sakuliah tatar Méditerania<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=M%C3%A9diterania&action=edit>ti jaman kuna [1] <http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Dalima&printable=yes#_note-0>. Kiwari, ieu tutuwuhan bisa dipanggihan nepi ka wilayah tropis Asia Tenggara<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Asia_Tenggara&action=edit>jeung Aprika <http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Aprika&action=edit>. Daun & buah [image: Ilustrasi dalima karya Otto Wilhelm Thomé, 1885.]<http://su.wikipedia.org/wiki/Gambar:Illustration_Punica_granatum2.jpg> <http://su.wikipedia.org/wiki/Gambar:Illustration_Punica_granatum2.jpg> Ilustrasi dalima karya Otto Wilhelm Thomé<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Otto_Wilhelm_Thom%C3%A9&action=edit>, 1885.
Daun <http://su.wikipedia.org/wiki/Daun> dalima mah patonggong-tonggong atawa rada nyingsal, hérang, heureut (panjang 3–7 cm, lébar 2 cm). Kembangna<http://su.wikipedia.org/wiki/Kembang>beureum (rupa-rupa, ti kayas nepi ka burahay), diaméterna 3 cm, diwangun ku lima makuta atawa leuwih. Bentuk buah dalima buleud héksagonal, gedéna 7–12 cm (diaméter). Cangkangna rada kandel, kelirna beureum (atawa leuwih ngora nepi ka semu héjo), ngabungkus 600-an siki<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Siki&action=edit> [2] <http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Dalima&printable=yes#_note-1>. Bagian anu bisa didahar nyaéta daging nu ngabungkus sikina, nu matak ngirut kusabab kelirna anu beureum. Tangkal dalima bisa tahan hirup dina usum halodo, sarta bisa tumuwuh di patempatan nu garing. Di patempatan nu leuwih baseuh, tangkal dalima leuwih gampang ruksak alatan inféksi akar. Dina usum tiis, dalima bisa tahan hirup nepi ka hawa kira −10°C. Hiji-hijina spésiés <http://su.wikipedia.org/wiki/Sp%C3%A9si%C3%A9s> séjén dina genus *Punica<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Punica&action=edit> *, *Punica protopunica*, ukur aya<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=%C3%89ndemik_%28%C3%A9kologi%29&action=edit>di pulo Sokotra <http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Sokotra&action=edit>. Nu ieu mah kembangna kayas, sedengkeun buahna leuwih leutik jeung kurang amis. Étimologi Ngaran genus *Punica* dicokot ti bangsa Funisia<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Funisia&action=edit>nu boga jasa nyumebarkeun ieu tutuwuhan (pikeun alesan ageman), sedengkeun *granatum* dicokot tina ngaran buah ieu dina basa Prancis (kasebut dina catetan taun 1532 <http://su.wikipedia.org/wiki/1532>. Melak & mangpaatna [image: Daun & buah dalima]<http://su.wikipedia.org/wiki/Gambar:Punica.granatum%2804%29.jpg> <http://su.wikipedia.org/wiki/Gambar:Punica.granatum%2804%29.jpg> Daun & buah dalima Di Georgia jeung Armenia<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Armenia&action=edit>ka wétankeun nepi ka Laut Hideung <http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Laut_Hideung&action=edit>, tangkal dalima tumuwuh liar di sabudeureun padumukan kuna nu teu dipiara. Sésa-sésa nu kapanggih nunjukkeun yén ieu pepelakan téh geus aya 3000 taun ka tukang[3]<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Dalima&printable=yes#_note-2>. Sumebarna ka Cina <http://su.wikipedia.org/wiki/Cina> jeung Asia Tenggara sigana mah dibawa ngaliwatan Jalur Sutra<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Jalur_Sutra&action=edit>atawa ngaliwatan laut. Katuangan [image: Tangkal dalima]<http://su.wikipedia.org/wiki/Gambar:Punica.granatum%2801%29.jpg> <http://su.wikipedia.org/wiki/Gambar:Punica.granatum%2801%29.jpg> Tangkal dalima Nu diala tina buah dalima téh daging nu ngabungkus sikina. Rasana biasana amis, tapi sok aya kesedna, alatan kandungan taninna<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Tanin&action=edit>. Di Timur Tengah<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Timur_Tengah&action=edit>jeung India <http://su.wikipedia.org/wiki/India>, jus dalima ilaharna dijus. Jus dalima nu geus diamisan dikentelkeun disebutna sirop grenadin<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Grenadin&action=edit>, dipaké dina rupa-rupa katuangan Pérsia, tapi kadieunakeun mah kagusur ku tomat. Di India, Pakistan, jeung Timur Tengah, siki dalima liar sok ogé dipaké salaku bungbu, katelahna *anardana* (tina basa Pérsia<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Basa_P%C3%A9rsia&action=edit>: siki dalima). Dijieunna ku cara meresihan siki tina dagingna, lajeng digaringkeun salila 10–15 poé. Ngarah teu nyelap dina huntu, sikina ieu kadang sok terus ditipungkeun. Di Azérbaijan jeung Armenia, dalima ogé dipaké keur nyieun arak<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Arak&action=edit> . Pikeun kawarasan [image: Buah dalima beunang murak]<http://su.wikipedia.org/wiki/Gambar:Pomegranate03_edit.jpg> <http://su.wikipedia.org/wiki/Gambar:Pomegranate03_edit.jpg> Buah dalima beunang murak Hiji buah dalima (gumantung kana kualitasna) bisa nyukupan 40% pangabutuh vitamin C <http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Vitamin_C&action=edit> sapopoé manusa sawawa, ogé beunghar ku asam folat<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Asam_folat&action=edit>jeung antioksidan<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Antioksidan&action=edit>. Ieu buah euyeub ku polifénol<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Polif%C3%A9nol&action=edit>, lolobana tanin <http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Tanin&action=edit>nu bisa di hidrolisis <http://su.wikipedia.org/wiki/Hidrolisis>, di antarana punikalagin<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Punikalagin&action=edit>, antioksidan<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Antioksidan&action=edit>nu bisa meungkeut radikal bébas<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Radikal_b%C3%A9bas&action=edit> . [image: Siki dalima] <http://su.wikipedia.org/wiki/Gambar:Pomseeds2.jpg> <http://su.wikipedia.org/wiki/Gambar:Pomseeds2.jpg> Siki dalima Dina sababaraha uji klinis, jus dalima kabuktikeun jétu pikeun ngurangan sababaraha faktor résiko jantung, kayaning oksidasi LDL<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Oksidasi_LDL&action=edit>, status oksidatif makrofag<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Makrofag&action=edit>, jeung formasi sél budah, nu sadayana bisa ngabalukarkeun atérosklérosis<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=At%C3%A9roskl%C3%A9rosis&action=edit>jeung kasakit jantung [1] <http://www.nutritionhealthinfo.com/pomegranate/>. Dalima bisa ngurangan tekenan getih sistolik ku cara nginhibisi énzim<http://su.wikipedia.org/wiki/%C3%89nzim>pangobah angioténsin (ACE, *angiotension converting enzyme*) dina sérum[4]<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Dalima&printable=yes#_note-3>. Jus dalima ogé sigana mah bisa diinum pikeun merangan kangker prostat[5]<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Dalima&printable=yes#_note-4> [6] <http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Dalima&printable=yes#_note-5>and osteoarthritis. [7] <http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Dalima&printable=yes#_note-6>. Panalungtikan séjén di Universitas Wisconsin - Madison nunjukkeun yén jus dalima bisa ogé dipaké pikeun ngerém tumuwuhna kangker bayah [8]<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Dalima&printable=yes#_note-7> . Rujukan 1. ↑<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Dalima&printable=yes#_ref-0>S. D. Doijode, *Seed Storage of Horticultural Crops*, p. 77 2. ↑<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Dalima&printable=yes#_ref-1> How many seeds does a pomegranate have? (statistical analysis)<http://www.aquaphoenix.com/misc/pomegranate/> . 3. ↑<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Dalima&printable=yes#_ref-2> The pomegranate in mythology<http://www.armenianow.com/archive/2004/2003/june13/shoppingforasymbol/index.htm> 4. ↑<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Dalima&printable=yes#_ref-3>Aviram M, Dornfeld L. Pomegranate juice consumption inhibits serum angiotensin converting enzyme activity and reduces systolic blood pressure<http://www.ncbi.nlm.nih.gov/entrez/query.fcgi?db=pubmed&cmd=Retrieve&dopt=AbstractPlus&list_uids=11500191&query_hl=1&itool=pubmed_docsum> *Atherosclerosis<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Atherosclerosis&action=edit> * 2001 Sep;158(1):195–8 5. ↑<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Dalima&printable=yes#_ref-4> Can pomegranates prevent prostate cancer? A new study offers promise<http://www.eurekalert.org/pub_releases/2005-09/uow-cpp092205.php>26 September 2005 6. ↑<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Dalima&printable=yes#_ref-5>BBC Juice 'can slow prostate cancer'<http://news.bbc.co.uk/2/hi/health/5132546.stm>1 July 2006 7. ↑<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Dalima&printable=yes#_ref-6> Pomegranate Fruit Shown To Slow Cartilage Deterioration In Osteoarthritis<http://www.sciencedaily.com/releases/2005/09/050901072114.htm> 8. ↑<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Dalima&printable=yes#_ref-7> UW study shows pomegranate juice may help fight lung cancer<http://www.news.wisc.edu/13633.html> Tumbu kaluar [image: Wikimedia Commons logo]<http://su.wikipedia.org/wiki/Gambar:Commons-logo.svg> *Wikimedia Commons <http://su.wikipedia.org/wiki/Wikimedia_Commons>*mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca *Punica_granatum <http://commons.wikimedia.org/wiki/Punica_granatum>* - Graham, S. A., J. Hall, K. Sytsma & S. Shi. 2005. Phylogenetic analysis of the Lythraceae based on four gene regions and morphology. *Int. J. Pl. Sci*. 166: 995–1017. - Pomegranate Fruit Facts<http://www.crfg.org/pubs/ff/pomegranate.html> - Pomegranate in Dali's painting<http://www.reproductionsart.com/subj_art_reproductions.php?id_subjects=10&stt=10&art=Salvador_Dali_DAS001&forder=1&number=DAS001> - Pomegranates: Jewels in the Fruit Crown<http://www.npr.org/templates/story/story.php?storyId=6411097> - A small caution: Pomegranate Juice and Medication Can Be a Dangerous Mix <http://altmedicine.about.com/b/a/257681.htm> - Pomegranate & Orange Blossom Syrup<http://morselsandmusings.blogspot.com/2007/04/hay-hay-its-donna-day-has-rolled-around.html> Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Dalima" Kategori <http://su.wikipedia.org/wiki/Husus:Categories>: Lythraceae<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Kategori:Lythraceae&action=edit>| Bungbuahan<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Kategori:Bungbuahan&action=edit> -- sikandar kumincir.blogspot.com

