kang Brad.....Naon bentenna "Jaleuleu" sareng "Tarajal" ?
Haturnuhun....
-id-
Tarajal
(syair Hirdzan, musik Ismet/Yadi, vocal Nur Azis)
Jaleuleu ja jaleuleu ja
Tulak tuja eman gog
Seureuh leuweung bay
Jambe kolot blug
Ait
uahaaa
.how are you, Nyi Kuwu?
Iah
haha
Yeah I miss you
We are miss you..you heuhh haha
How are you, Ki Demang?
You want to support my group
You want to Support..haha
What super
heuh? eh lain keeper, tapi support
Iah
hihaha
I am very-very thank you
Jaleuleu ja ja ja jaleuja aaa
Tulak tuja jaeman gog
Jaleuleu ja ja ja jaleuja
Tulak tuja jaeman gog
Seureuh leuweung seureuh leuwueng
Jaleuleu ja jaleuleu ja
.
Reff.
Ait
..hihaha
Yeah I am sorry if I geus torojol deui wae
kadieu
.
Yeah, Come here Nyi Kuwu
hah
I am very-very miss you.hah
.hiahaha
Yeah baheula aya babaturan anu leungit dileuweung
Kaasup kuring sorangan
Bergelantungan ditangkal
Tangkal
tangkal
anu matak urang
Membawa
lupa diri
gitu yah
Haha
.
Selamat menikmati ber-Kandaga!
Ait
hihihaha
Hiaaattt
-ida-
brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Katoel ku Juragan tukang teuing medar perkawis nu burung, edan jeung nu
waras, asa kahudangkeun inget hiji paribasa Nu edan dikendangan, nu burung
diangklungan, katurug-katutuh baheula sajarah salahsahiji anu ngalarapkeun
eta kalimah salaku pangjurung hade, perenah aya nu medar oge di ieu babakan
(kang iwa cyber
upami teu lepat).
Mimiti nyaho 4-5 taun katukang jeung nonton di TV ari pek teh langsung bogoh,
beu! Diteruskeun neangan kaset atawa CDna (Compact Disk) di Jakarta jeung
Bandung. Alhamdulillah kenging sawareh, da anu lengkep mah dijualna di luar
nagrek. Nonton langsung can kawenehan, da sok keuna panyakit bengbatan, nu
ngabalukarkeun hanjelu leuwih gede tibatan nyiru
tampir we sugan mah!
Lamun salse pek ngadengekeun kawih-kawih dina album ieu, rarasaan teh bleg
weh kabayang kumaha sabilulunganana karuhun urang lamun pindah pusat kakawasaan
ti karaton Surawisesa (Galuh) ka karaton Sri Bima (Sunda/Pakuan). Rahayat
leutik teu sirik, panggede teu gumede. Estu silih geuing, silih rojong keur
kamaslahatan nagara jeung bangsa . Kebat ti wetan ka kalon atawa ti kulon ka
wetankeun, euweuh rasa gimir jeung rumahuh, malah diselangan ku gogonjakan nu
bisa nyingkahkeun kacape, rasa wegah jadi guligah. Sareundeuk, saigel teh lain
bobohongan. Mun ditilik, disidik-sidik ah
bleg we teu dipiceun sasieur
ti
mimiti nu sorana leutik nepi ka nu sorana badag, silih dukung silih rojong nu
ngabalukarkeun hiji campuran/komposisi anu matak meureudeuy, kumerot neureuy
ciduh sorangan! .
Keur bukti yen nu burung jeung nu edan bisa oge jadi pangjurung atawa
pangrojong hade dina karancagean, ngahaja ngorowot seratan bubuka Album Salsa
and Salse kagungan Sambasunda. Ditarjamahkeun sangeunahna tina basa Inggris.
Salsa Jeung Salse
Dahar, Matuh, Ulin teu jauh ti Awi
Keur urang Sunda, tangkal awi lain ngan ukur tutuwuhan biasa tapi
mangrupakeun hiji tangkal anu kacida pohara pulunganeunana, contona we; keur
ngawangun imah, parabot, alat kaamanan, pakarang, cengcelengen nepi ka
sabangsaning kadaharan nu kacida pelemna. Keur para inohong kasenian, ku ayana
parabot calung jeung angklung geus eces nandakeun hiji kamonesan awi tina
karancagean anu kacida luhungna.
Teu aneh mun dina budaya urang Sunda aya hiji paribasa anu moal bireuk deui
Nu edan dikendangan, nu burung diangklungan. Rada hese mun neangan paribasa
nu sarua dina basa Endonesia. Leuwih hade lamun nyawang pihartieun kalimah ieu
The lunatic one is locked in the cage, the insane one is under Angklung.
Babasan ieu memang togmol jeung heuras oge. Ku jalan ngaleungitkeun (dont
waro) harti nu goreng dijerona, paripolah ieu the geus jadi pangjurung hade
dina panalungtikan keur balad Sambasunda utamana dina ngawangun hiji
masyarakat di jagat hiburan.
Ngeunaan Salsa jeung Salse
Salsa mangrupakeun hiji kasenian Latin, nu dikeureuyeuh ditalungtik jeung
dipintonkeun make parabot kasenian tina awi nu dilarapkeun dina ampir kabeh
kawih dina ieu album. Salse mun dina bahasa Inggris mah meureun relax and
easy, mangrupakeun hiji kabiasan nu teu jauh tina kahirupan sapopoe wadiya
balad Sambasunda.
Tuluy, naon cenah gantar kakaitanana? Euweuh, ngan sanajan bari salse,
album Salsa ieu bisa rampung. Jeung deuih harepan utama ku ayana medalna
album ieu teh lain ngan saukur nambahan jumlah tapi oge bisa leuwih jembar.
Album ieu gede pisan ajenna, lantaran dikokojoan inohong-inohong seni ngora
saperti Efiq Zulfikar jeung Yadi Cahyadi. Keur Sambasunda mah maranehna teh
teu beda jeung tangkal awi, euweuh piceuneunana.
Daftar Kawih
1. Team Risk
2. Bentol Soca
3. Jaleuleu
4. Solali
5. Tarabalaka
6. Kooln Trunk
7. Sisidueun
8. Jalueleu (minus one)
PT. Gema Nada Pertiwi, 2001
Rujukan: CD Album Salsa and Salse: we live, we eat, we play with bamboos,
Sambasunda, 2001
siporenges
nu resep musik sambasunda
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check out new cars at Yahoo! Autos.
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check outnew cars at Yahoo! Autos.