Da di tempat kuring gawe mah "progammer" teh tara ngolong menerkeun
kabel, tara menerkeun PC mun crash,tara ngotak-ngatik router atawa
switch, tara nginstall2 program2 ka tiap-tiap pc user sanajan eta prgram teh
nu ku maranehna karek dijieun, tetep weh nu kitu mah si programmer teh menta
tulung ka bagean operational jeung support..kuring mah lain programmer, tapi
support & operational. tapi kabeh pagawean bakal lancar mun aya sinergi ti
masing-masing bagean..kabeh ge jadi hampang mun urangna ikhlas..sing
saha-saha nu ngalengkahkeun suku keur neangan rizki nu halal tur dibarengan
niat nu ikhlas, insya alloh kalebet na teh nuju jihad di jalan Alloh..punten
pami lepat...

baktos

Nadnar

IT SUPPORT KOK REPOT


On 4/25/07, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  asa kurang pas IT dianalogikeun jeung "rancatan". upama ninggali kana
fungsina IT, salah sahijina taya lian IT teh hiji medium, medium keur
konunikasi global. anapon fungsina "rancatan" taya lian alat paranti
nanggung, nu sok dipake ku tukang bubur nanggung daganganana. upama rek
neangan istilah sunda keur medium, asana leuwih pas milih kecap "cukang",
cukang salaku medium keur ngahubungkeun dua entiti komunikasi. (mh).

On 4/25/07, :: boedax angon :: <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    Jeleme "SUPERMAN" ngan gaji "SUPERMIN"
>
> "Superman", mun urang nyebut eta ngaran, sok reus ingeut ka filem di
> dibintangan ku ..,ieu filem teh "booming" pisan di tahun 80-an. Filem ieu
> teh ngagambarkeun hiji lalakon nu ngabasmi kajahatan. Komo deui ditambah si
> lalakon-na teh ganteng jeung dedeganna jankung gede, nya mun "versi"
> Indonesia tea mah kawas GATOT KACA ,sanes Gagal Total Kagak Ngaca proyek
> IPTN tea, nyaeta tulangna kawas waja jeung ototna kawas wesi. Tapi kade ulah
> dibandingkeun jeung "Superman" anu di hiji iklan nu aya slogan na nyaeta
> "ada yang kurang, kurang berisi", salahsahiji slogan hiji produk nu make
> "Superman" ngan ceking jeung kari tulang wungkul.
>           "Superman" mun urang "analogkeun" jeung hiji pagawean , nyurup
> pisan ka widang IT(Rancatan) atawa tukang nyieunan Program keur hiji
> pausahaan atawa mun ceuk basa kiwari tea mah "Programmer". Nya pananan
> tukang rancatan teh mun tea mah tukang nanggung tea , dinu kamus umum basa
> sunda, 1992, rancatan teh alat paranti nanggung. Tapi aya oge sakaol jelema
> ngalandihan nu pakepuk dinu widang IT teh kawas tukang kaput.
>           IT atawa Rancatan teh hiji istilah mun cek basa keren   na mah
> "Information Technology" atawa "Teknologi Informasi". Ieu pagawean teh
> hubungan na luas pisan, komo nu pakepuk teu jauh jeung komputer mah. Kiwari
> ayana komputer hususon keur widang IT/Rancatan mah ngahampangkeung pagawean
> urang sapope, saperti hiji dosen kabantu jasa mun manehna nyimpeun data
> nilai mahasiswana di *Spreadsheet*, kusabab para mahasiswa teh pasti bae
> ujian leuwih ti dua kali. Coba weh mun teu make komputer urang bayangkeun,
> mun aya 300 urang nu arujian kumaha mun manehna ngajumlahkeun manual keur
> nilai rata-rata, nilai median, nilai kelas, nilai pencilan, jrrd. Tah
> kukituna mun si eta dosen geus teu *Gaptek* deui  ka komputer tinggal
> sakali weh ngasupkeun formula na.
>           Tapi kumaha mun eta dosen teh, teu apaleun *Spreadsheet* acan
> ngan manehna nyewa hiji tukang nyieun Program keur ngahampangkeun pagawean
> na kusabab si dosen eta embung riweuh. Kunaon disebut "Programmer", sabab
> manehna nyieun code-code anu *user-friendly*, sabab program nu dijieun
> ku si "Programmer" teh bakal dipake ku jelema di loba golongan , lain bae
> keur si dosen bae. Ari alat keur nyieun program na teh disebutna Basa
> Pamograman, ieu teh ditalungtik na mimiti tahun 50-an ku yasana Grace Murray
> Hooper nu manggihan "BUG KOMPUTER" tea. Tahun 1951 manehna nyieun kompiler
> generasi kahiji nu diaranan compiler A-O. Saha ari si Grace Murray Hooper
> teh, manehna awewe nu gawena di Eckert-Mauchhly Computer Corporation salaku
> Matematikawan Senior.
>           Balik deui ka IT kumaha ari parkembangan pagawean IT di
> Indonesia teh. Kiwari IT di Indonesia cepet pisan, kabuktianan tiasa urang
> tingali loba pisan di koran-koran atanapon di mailing-list lowongan pagawean
> nu patula-patali jeung IT, komo "Programmer" mah, timimiti "Programmer" keur
> OS ( *Open Source*)* *atanapon "Programmer" license. Jeung deui kiwari
> loba jasa pausahaan-pausahaan nu pakepuk dinu widang IT ceuk basa keren na
> mah "Konsultant IT" atawa *Software House*, nya nu apal mah di jakarta
> hiji gedung keur hususna pakepuk dinu widang IT teh di Gedung Cyber tea.
> Ngan kiwari pausahaan ti India geus asup ka Gedung eta, naha kusabab di
> India mah Rancatan teh geus mandeuk.
>           Ceuk sakaol mah jadi "Programmer" teh keren sabab manehna
> pagaweana teu jauh jeung komputer jeung internet eta ge mun boga ases ka
> internet jeung aksesna teu dibatasan, ngan aya istilah keur jelema IT nu
> boga ases Internet, manehna pasti wae OL ( *online*)i di internet bohna
> sok chating di Yahoo Messanger , komo deui sok ngaroom atanapon kojom mah.
> Tapi ti sagedengeun eta, pagawean "Programmer" teh sibuk jasa, sabab lamun
> geus dibere gawe pasti sok anteung jeung pagaweana, komo nu coding mah
> pangreseupna nga*debug* code anu salah, kitu weh bedana "Programmer"
> jeung Desainer mah. Tapi ari pagaweanna geus rengse mah sok nyantey weh
> sakaeung mun asup teh sok rada beurang atawa mun geus asup ge sok nga 
*googling
> *weh di internet atawa ngawayuh (salingkuh) ceuk basa kiwarina mah
> chating tea. Rancatan atawa IT, dihareup geus dibahas rehna ari tukang IT
> teh tukang nanggung  kabayang mun tanggungna teh isi na loba teu leweih
> ti hiji, bisa nanggung   batu, keusik, sayuran naon bae weh nu
> ditanggung, tapi mun di *analogkeun *ka tukang kaput manehna ngaput baju
> nu geus di desain samemehna.
> Kiwari si "Programmer" di hiji pausahaan teh tugas na teh pabuelit
> pisan, komo mun ditingali di lowongan pagawean kudu bisa basa pamograman ieu
> jeung kudu bisa LAN,CCNP, jrrd. Nya ari ngaranna "Programer" teh kudu sagala
> kacabak boh dinu *software* na atanapon dinu *hardware* na. Komo deui
> mun geus kudu nyanghareupan *client *anu rewel manehna sok balik ka
> imahna teh bisa wae wangci subuh, sabab kudu meneran code nu *didevelop
> *ku manehna, jeung deui nu ngaran na client ma sok hayang itu hayang
> ieu, malihan mah sok hayang pangmenerkeun databasena cenah sakalaian sabab
> kudu di *cleaning* *up* tea. Nya antukna si "Programmer" daek teu daek
> kudu daek memernah eta *database*, isukan na manehna kudu asup deui
> kantor bari mere buku *log* pagawean manehna kamari bari awak lungse
> jeung ringseuk komo deui kurang sare sesa nyiluek kamari, kumaha mun ieu
> pagawean teh tiap poe antukna si "Programmer" teh geuring mereun sabab
> kacapean tea.
> Ceuk cenah deui si eta "Programmer" teh kaasup Lembur atawa *overtime*jadi 
loba duitna, tapi naha enya kitu jeung deui gajina pasti gede. Tapi
> rata-rata si "Programmer" gajina kumaha tempat gawena mun tempat gawena
> kaasup pausaahan gede kawas bank atawa pausahaan minya pasti wae gede mun
> lain ti kitu mah gaji na teh rata-rata weh 1,5 jutaan kahandap. Komo deui
> mun di hiji *software* *house* si Programmer eta kudu bisa ngadesain
> oge, kawas kudu bisa adobe photo shop atawa CSS tea, komo deui mun aya nu
> rudet komputer boss na atawa pagawe nu liana manehna kudu menerkeun nepi
> kaanggeus jeung deui kudu kakolong meja nga cek kabel *LAN * atawa *
> Wireless* na nepi keun kotor ku kebul. Jadi lamun ceuk si "Programmer"
> teh disebut "Superman" teh bisa wae, sabab manehna kudu bisa ieu jeung itu
> ngan weh si "Programmer" na teh cicing wae ngan di jero hatena mah sok
> ngagurut emangna uing "Superman", malihan mah mun keur chating jeung
> babaturan aya hiji status yeem manehna nu kieu "Nu bener weh emang na aing
> teh Superman".
>
> Cah ch
> Yayan Mulyana
>
>
>
> ------------------------------
> Yahoo! Mail is the world's favourite email. Don't settle for less, sign
> up for your free account 
today<http://uk.rd.yahoo.com/evt=44106/*http://uk.docs.yahoo.com/mail/winter07.html>.
>
>
>


Kirim email ke