Cik tos aya henteu ulama atanapi naon wae anu dakwah
ngajirimkeun eta bidadari sapertos putri geulis
atanapi pangeran kasep siga dina carita wayang ?
Atanapi naon eta bidadari (non jender tea) teh etnis
asalna/simbolisna putri/pangeran Arab, Kaukasian,
Jawa, Sunda,  Indo saluyu sareng adsal etnis urang ?
Atanapi naon ?
 
--- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> 
> cek si kuring nu di pasantrena ngan purah meakeun
> liwet, eta kitu teu
> murtad. sabab nu jadi masalah ngan ukur harti atawa
> tarjamahan tina
> kalimat Qu'ran. malah eta sikep teh kritis, salaku
> mahluk nu boga jeung
> make akal pikiran. islam bisa diudag ku akal. mun
> teu bisa, pikiran urang
> can nepi.
> 
> tapi ke heula, sanes resep ka istri? hayang nyandung
> bari bebas
> diomongkeun batur model Aa Gym? hihi.
> 
> cara nerjemahkeun basa arab nu dihartikeun
> 'bidadari' eta cek kang Irfan
> Anshory dina Cupumanik bulan2 kaliwat, salah. cenah
> mah sabenerna kecap
> arab eta teh teu nunjuk kana hiji jender, tapi
> netral. ngan ku sabab dunya
> teh dikuasa patriarki alias dunya lalaki, nya
> dijenderan (dibere parabot
> reproduksi), jadi istri, bidadari. cenah hartina
> sabenerna mah ngan ukur
> batur/teman.
> 
> cek pikiran kuring nu oge teu pati eucreug bisa jadi
> dikadinyakeun hartina
> ku ulama nu hirup di komunitas nu dikuasa ku lalaki,
> siga masyrakat Arab.
> ari model atawa konsep naraka jeung sorga mah bisa
> oge perlambang. yen
> hade goreng aya balesna. hirup di dunya oge model
> kitu. mun ngalakukeun
> salah, di penjara-hirup cilaka, mun hade, nya
> meureun meunang
> bonus/hadiah, minimal hirup salamet.
> 
> carita salaku model atikan
> jelema teh hirup ti baheula bari prosesna angger
> kitu. ti balita nu
> primitif, terus mekar jadi budak, pamuda, jeung
> saterusna. perkembangan
> pikiran atawa akal oge kitu. tingali we budak nu can
> hideng, beda kalakuan
> atawa adatna jeung nu geus hideng atawa baleg. tah
> cara ngajar ka jelema
> oge kitu. disaluyukeun jeung kamampu uteuk jeung
> perkembanganana. cenah,
> baheula, jelema teh resep dibere pelajaran ku
> mangrupa carita. di india
> aya maharabata jeung ramayana tea-sabenerna eta
> carita cenah ajaran hindu.
> masing2 nu apal carita eta jadi baroga kanyaho soal
> adat goreng adat alus
> nu diwakilan ku hiji dua tokoh/karakter. tapi sabab
> jelema mah boga adat
> ngistimewakeun hiji hal nu cocog jeung hate (siga
> fans. bobotoh) tokoh2
> eta malah dijaradikeun dewa atawa sesembahan, bari
> satekah polah diconto
> kalakuanana-da alus tea. dina carita eta, salian ti
> aya tokoh soleh, oge
> aya nu jahat. duanana mangrupa pilihan atawa
> picontoeun, kaasup pangbibita
> oge, rek milih nu mana pikeun dipake panutan
> enggoning ngalalakon di ieu
> dunya.
> 
> konsep pangeran
> ayeuna mah, sok we taros hate atawa pikiran. ari
> pangeran kumaha?
> kalolobana baroga bayangan siga berhala. haha. sabab
> manusa sok neangan
> kamiripan hiji perkara ku perkara nu geus katewak
> pikiran jeung parasaan
> oge kayakinan. Islam agama nu sukses ngabstraksi
> konsep pangeran, pangeran
> teu dirupakeunka hiji perkara, siga nu aya di konsep
> pangeran karesten
> atawa katolik. maranehna marake simbol yesus
> disalib, di agama india aya
> patung dewa, jsb. di islam teu aya jeung teu
> meunang. boroning gambaran
> pangeran, dalah nabi oge haram digambar atawa
> dibayangkeun dina bentuk
> gambar atawa patung.
> 
> kunci konsep pangeran aya dina surat Qulhu (al
> ihlas).
> 
> 
> ah, ieu mah ngawadul. geus ah bisa loba salahna.
> ---------
> 
> Ku kuring dipikiran, tepi ka ayeuna.
> Enya da sakapeung mah sok rada mikir nu araranéh,
> misalna urang nahan
> teu <punten> ngalacur, naha éta téh kulantaran sieun
> dosa? sangkan asup
> sawarga? da kapan cenah di sawarga mah disadiakeun
> bidadari2 nu gareulis
> tur salawasna parawan.. ari kitu mah meureun ibadah
> téh ukur 'nabung'
> pikeun sangkan urang engké tiasa 'muaskeun napsu' di
> sawarga...
> Jadi kuring sakapeung sok rada 'teu panuju' kana
> sistem 'pahala' jeung
> 'surga' ieu téh.. Tapi sanajan kitu kuring tetep
> percaya ku ayana 'hari
> akhir', jeung kuring percaya yen takdir Alloh oge
> berlaku di hari akhir,
> da sadayana oge milik AnjeunNa.
> 
> Tah, lamun kuring aya pamikiran siga kitu, urang
> kaasup murtad teu??
> lamun enya téh aduh.. ampun Gusti......
> 
> mj
> 
> http://geocities.com/mangjamal
> 
> 
> 
> 
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke