Mangga HBH diantos di CIMAHI mung kedag dukung heula pribados.
  LETKOL HR UCEP W JAMHARI,S.IP,MM

"Agus K \"PAKUSARAKAN\"" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          punten ah nembe ulubiung deui.. karek bisa muka internetna....

ari kongres bandung iraha acarana kang im?

teras kanggo HBH, mun bisa entong di hotel lah... teu bisa mayarna..
di perkemahan cigana bisa lah.. aya keneh tenda urut pramuka baheula

:)

On 4/17/07, Eko Ruska Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Walaikum salam wr. wb.
>
> Wilujeng kang iim, kenging kang iim usul ? he he......punten mung tiasa usul
> ari ngabantos mah teu acan tangtos..usulan abdi upami tiasa tempat kanggo
> HBH 2007 anu rada gampil kendaraan umum.
>
> Baktos
> ERN
>
> On 4/16/07, kang boim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Assalamu'alaikum wr, wb.
> > Baraya...,
> >
> > Alhamdulillah..., acara silaturahmi Kusnet (Kopdar) di Jl. Langsat
> > Jakarta poe saptu kamari geus lumangsung kalayan lancar jeung
> > nyugemakeun.
> > nu hadir dina acara ieu kaitung rempeg jeung loba barayanu anyar
> > panggih jadi teu eta deui eta deui..hehehe..(nu hadir aya 21 urang
> > baraya...)
> > sim abdi kaasup nu datang pang ahirna sabab lalampahan ti Bandung
> > lumayan rada lila kapegat ku macet jeung deuih indit ti bandungna oge
> > jam hiji-an...beurang.
> >
> > Moal dicaritakeun soal kumaha ngaleuyana kadaharan mah pokona mah
> > matak wareg jeung seubeuhlah...(aya kulub cau, kulub suuk, katimus
> > jrrd)
> > Intina hasil tina silaturahmi poe saptu kamari teh nyawalakeun soal
> > tatahar keur acara HBH (Halal Bi Halal Kusnet 1428 H) nu bakal datang,
> > dina riungan kamari ngahasilkeun kaputusan yen pikeun HBH nu bakal
> > datang pupuhu HBH diamanatkeun ka kang Iim (Boim) ti Bandung kalayan
> > salaku wakil pupuhu jeung Bendahara di amanatkeun ka kang Toni Sofyan
> > (Bandung/Bekasi) jeung teh Imas (Jakarta).
> > pikeun saheulaan karek ngahasilkeun susunan panitia sakitu heula, keur
> > galengkepanana insya Allah sabada kongres di Bandung bakal
> > dilengkepan.
> >
> > HBH nu bakal datang insya Allah bakal diayakeun di sabudeureun kota
> > Bandung, atuh pikeun pitempateun acara HBH sakumaha usulan anu geus
> > asup aya tilu pilihan
> > 1. Dago Resort
> > 2. Hotel Bumi Kitri Cikutra
> > 3. Bumi Perkemahan Jend. Mashudi Kiara Payung Jatinangor
> >
> > Ancer-ancerna HBH teh baris diayakeun dina tangal 27 - 28 Oktober 2007
> > (2 minggu sanggeus poe lebaran), ieu can pasti sabab can jadi
> > kaputusan panitia tapi karek ancer-ancer atawa kira-kira.( hasil
> > itungan sim abdi)
> > Insya Allah saatos aya kaputusan panitia anu sifatna tetep, ngenaan
> > tempat, waktu jeung acara HBH bakal dibewarakeun di milis sakalian
> > dibuka pendaftaran pikeun saha bae anu rek ngiluan HBH..
> >
> > Pikeun saheulanan sakitu hasil lalampahan sim abdi dina acara
> > silaturahmi baraya Kusnet (Kopdar poe Saptu di Jl. Langsat Jkt), teu
> > hilap sim abdi ngahaturkeun nuhun ka teh Imas sakulawargi anu parantos
> > maparin tempat sareng nyuguhan tuangeun sapuratina mudah-mudahan
> > sadaya kasaean ieu dibales ku Allah Swt janten amal nu
> > manglipet....amin.
> >
> > cag..ah, punten bilih aya nu lepat...nuhun.
> >
> > "kkbm'69"
> > -hasil salengkepna insya Allah baris dilaporkeun ku kang Ndoel bin
> > kang Nanang tea...hehehe.
> >
> >
>

-- 
----------------------------------------------------------
AGUS PAKUSARAKAN
08128377662
www.hr-uwj.com (mangga geura deu2l dulur urang rek manggung
----------------------------------------------------------
Koperias Amanah Sunda
www.inkas.wordpress.com
www.azzoman.wordpress.com
www.azzoman.indonetwork.co.id
www.indonetwork.co.id/azzoman
----------------------------------------------------------
http://aguspakusarakan.blogspot.com/
http://geocities.com/prabu_siliwangi
http://geocities.com/lodaya_9
http://siliwangi.blogs.friendster.com


         

       
---------------------------------
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!

Kirim email ke