Mimitina mah ka imah kuring katatamuan ku hiji lalaki, ceuk inyana manggih 
alamat teh tina Internet, tujuan datangna ka imah kuring rek neangan buku 
ngeunaan kujang, pedah eta kuring teh muka Rumah Baca Buku Sunda, cenah 
susuganan aya buku ngeunaan kujang.
Hanjakal buku ngeunaan kujang teh euweuh, jeung sakanyaho kuring buku ngeunaan 
kujang anu husus ngabahas kujang can aya, can kungsi aya nu terbit. Aya ge ngan 
saukur sababaraha makalah atawa artikel dina koran atawa jurnal.
Sakanyaho kuring anu nulis artikel ngeunaan kujang teh antarana :
Snouck Hurgronje (1904), Rouffaer (1909), Hazeu (1904), Mubirman, Anis 
Jatisunda, Iip Zilkuifli Yahya, Haris Sukanda Natasasmita. Dina internet 
manggihan di www.indotalisman.com/kujang.html ( boa boa aya keneh, ka baraya 
anu terang punten sim kuring pasihan wartos), aya deui nyaeta artikelna Andrean 
Linder ngeunaan Panday Domas, hal ieu bisa jadi aya kaitanana jeung para empu 
anu asalna ti Pajajaran.

Tamu anu datang tea, terus we ngobrol sabulangbentor ngeunaan kujang jeung 
keris, lantaran kuring ge kataji kana kujang utamana dina palebah 
dokumentasina, nya tungtungna sapuk rek nepungan sababaraha kawawuhan anu 
kira-kira bakal nyaho ngeunaan kujang, nya dina tanggal 5 April 2007, kumpul di 
imah kuring aya 6 jalma, ngobrol uplek, aya nu resep ngoleksi kujang, aya nu 
boga gosali keur keris, gosali kujang, malah aya wartawan oge. Harita 
ngararancang gempungan leuleutikan di imahna Mas Wisnu di Pinus Regency 
Bandung. Tujuan gempungan aya dua nyieun paguyuban jeung diniatan ngumpulkeun 
bahan pikeun nyieun buku ngeunaan kujang.
Gempungan leuleutikan tanggal 14 April 2007 kalakonan, lumayan anu hadir teh 
aya 17 jalma, kolektor, ti Musium Sri Baduga, Wartawan, akademisi, gosali, atuh 
anu ngan sakadar resep ge aya. Hasil gempungan mutuskeun nyieun PPK, Paguyuban 
Pecinta Kujang (tadina kuring ngusulkeun KPK, Komunitas Penggemar Kujang). 
Ketuana can ditunjuk, can karuhan saha-sahana, gempungan satuluyna bakal 
dilaksanakeun tanggal 28 April 2007 tempatna di Musium Sri Baduga.
Gempungan tanggal 28 April 2007 geus dilaksanakeun tempatna di Musium Sri 
Baduga, nu hadir ngan 14 jalma, tapi leuwih euyeub tina profesina, lantaran aya 
kolektor, gosali keris, gosali kujang, ti ISI Solo, ti Musium, ti Balai Kajian 
Sejarah, ti Balai Arkeologi, jeung kuring nu ngan sakadar pangsiunan. Putusan 
tina ieu gempungan nyieun Tim Kecil keur ngararancang AD/ART kaasup nyusun 
struktur organisasi bari neangan nominasi pikeun ketuana. Tim Kecil teh 
diwangun ku 5 jalma, kaasup kuring. Kuring ge sakalian laporan geus nyieun 
email keur PPK nyaeta [EMAIL PROTECTED] atuh keur saheulaanan nyieun blog keur 
tempatna pengumunan intern bari bisa dikanyahokeun ku balarea, blogna nyaeta : 
http://paguyubankujang.blogspot.com 
Rapat munggaran tim kecil rek dilaksanakeun tanggal 3 Mei 2007 di Jl Kuningan 
Bandung.
Tina obrolan santai rada loba nawu pangalaman tur kanyaho ti Mas Subandi ti ISI 
Solo, ngeunaan hal kerisologi, empu, jste. Mas Subandi ge keur nyusun buku 
ngeunaan kujang malah keur nyieun kujang pamor anu panggedena ( cenah mah 
satangtung jalma, lamun geus diperahan kurah leuwih dua meter jangkungna) 
hayang diasupkeun ka MURI ( he he .seuri maur bari rada hanjelu...naha nya 
kalahka dijieun ku urang Solo..?), ayeuna kakara anggeus 40%.

Baraya, loba keneh hal hal ngeunaan Sunda anu encan didokumentasikeun (dijieun 
buku), diantarana ragam hias, batik, toponimi (buku toponimi nu aya kakara 
Bogor) , jste.
Hayu ah urang babarengan ngotektak Kasundaan (kahade Kasundaan teh ulah ngan 
sakadar dihartikeun anu sifatna teologi wungkul). Aeh enya aya kapanasaran, 
kapan dina lambang Propinsi Jawa Barat teh aya gambar kujang, tah cik anu 
terang sugan tiasa masihan bongbolongan saha anu ngadesain eta lambang, lamun 
aya perdana nomer sabaraha taun sabaraha, jaman gubernur saha, kasang tukang 
pangna kujang aya dina eta lambang. Aya eta ge nu mere nyaho cenah mah aya di 
perpustakaan DPRD I Jabar, ngan kuring teh can kaburu ulin kadinya, malum 
pakepuk ku cicing tea. Loba organisasi anu make lambang kujang, Unpad, Perceka, 
Kodya Sukabumi, Kab Bogor, Kodya Bogor, Kab Cirebon. Naon atuh ari Kujang 
teh....?, naha bet asa beuki poekeun. 

MSasmita






 





Kirim email ke